Ti Keur wengi dugi ka nyerat email ieu, mikir teras,
naon "Triger factor", dina acara kupas tuntas.
Eureka!!!
Sabada maos email dihandap (kang Amank Maya), kuring
ngagaduhan "tirger factor" utama, nyaeta naskah
Wangsakerta, anu disabit-sabit ku kang Hermawan Aksan.
Sok sanajan naskah Wangsakerta teh "dipermasalahkeun"
ku para ahli sejarah (utamina urang Wetan) kana
kasahehanana, Tapi justru naskah ieu "konci" pikeun
"mengcounter" kana kajugalaan sajarah sareng budaya
Jawa. Margi dina naskah Wangsakerta eta, Raden Wijaya
(anu ngdegkeun dinasti Majapahit) karuhunna teh Urang
Sunda.
Ceuk kuring mah, naskah Wangsakerta ieu, wajib hukumna
diteuleuman ku sadaya urang Sunda, sok sanajan teu
diaku ku para ahli ti Wetan. Sabab ti dinya katingali
karuhun urang Sunda leuwih kolot batan karuhun uang
Jawa.
Jadi Wangsakerta teh, hiji "perlawanan" kana
kajugalaan budaya Jawa.
Kuirng ngadukung upami kang Hermawan Aksan ngadamel
novel anu dadasarna tina naskah Wangsakerta. Sugan wae
atuh tiasa janten "Buku Teks" di sakola SMP sareng
SMA.
baktos,
mrachmat Wangsakertaputra
--- AmanK Maya Suara <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> hehehe... kang asep mah tiasaan wae ngipasan teh
> yeuh
> abdi mah kamari sateuacana acara di kanu tipi keun
> teh....
> cetting sareng anu gaduh lalakonna (kg. hermawan
> aksan)..
> nya digambarkeun sakedik kumaha proses pengambilan
> materi video kanggo tayangan eta teh.....
> mana teu aneh teuing ari hasilna kitu teh
> heheheh.....
> da kang hermawan na oge "teu husus" sasayogian
> kanggo mayunan eta acara.... antare.. sabab ti TV na
> teu masihan batesan anu jentre....
> nya... kang hermawan oge mayunan na...."rada
> sahayuna" ...
> diwawancara na di saung angklung mang ujo.....
>
> ngan teu di "adu bagongkeun" mesek pamikirannana....
>
> jadi kamungkinan "masing-masing" tos katebak,
> hehehe...
> pek teh leres nya ......
>
> abdi protes ngeunaan gajah mada anu diserat bagaikan
> seorang manusia tanpa cela ka langit kresna dina web
> sareng blog na teu ditanggapi..... kamari di
> dugikeun ka kang hermawan....
> saurna tos disiapkeun dina novelna anu kadua
> ieu.....
>
> medal sasih april/mei......
>
> baris nembongkeun sisi anu "beda" ngeunaan gajah
> mada......
>
> mangga diantos pedaranna kang hermawan.....
>
> tong hilap meser bukuna.........
>
> hatur nuhun.
> mang maya
.
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs