Sok emut ka Encum, urang banten....nyaan eta mah urang priangan boga badega ti banten asa tibaralik....
Makarya Mawa Raharja ----- Original Message ---- From: waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, February 14, 2008 12:58:48 AM Subject: [Urang Sunda] Re: aing jeung sia > Aschev Schuraschev <aschevetea@ ...> wrote: > Pikeun nu hayang mulasara UUBS atawa anu geus biasa jeung UUBS > sarta nu kontra UUBS tapi maké basa lemes terus-terusan, pamakéan > kecap "aing" jeung "sia" karasana kasar pisan. > > Tapi pikeun nu kontra UUBS tapi ngarojong pamakéan basa kasar, > kecap aing jeung sia dina sagala kondisi karasana biasa-biasa waé. > Kumaha pamakéan kecap aing jeung sia kahareupna, naha bakal balik > deui jiga mangsa Bujangga Manik masih hirup? Waktu nu bakal > ngajawab. Gumantung Kang, kumaha ngalarapkeunana. Umpama kecap aing jeung sia make jeung panon molotot atawa ditambahan kecap-kecap sejen nu kacirina keur ngambek, kuring yakin nu diajak ngomong, sanajan nu kontra UUBS oge, paling henteu bakal ngarasa ceulina rawing, malah nu sarua bedegong mah bisa "sarua ngasah bedog". Kudu ati-ati make kecap "aing" jeung "sia" keur urang Priangan. Sabab "aing" nunjukkeun posisi nu leuwih luhur atawa keur ngambek, sedengkeun "sia" keur nu sahandapeun atawa nu keur diambek. Maksakeun egaliter (eegaliteran) ka masyrakat nu masih feodal, hasilna lain alus, tapi malah "SALAH FAHAM"! Tepi ka ayeuna, urang Sunda Priangan, sanajan nu kontra UUBS, tetep ari nyarita mah make basa lemes atawa paling henteu basa loma, sabab nyaeta bisi SALAH TARIMA, nu diajak nyarita, ngarasa kahina! Teu percanten? cobaan geura ka pembantu di bumi, nyarios make sia jeung aing. Dijamin, pembantu di bumi teh moal betaheun ...da asa dicarekan wae ... Baktos, WALUYA ____________________________________________________________________________________ Never miss a thing. Make Yahoo your home page. http://www.yahoo.com/r/hs

