Leres bah, kumaha ngalarapkeunana da kecap naon wae oge upami dianggo bari molotot mah matak panas cepil. Kito oge kumaha tempatna. Pangalaman waktos kuliah gaduh babaruran urang Batak asal Bogor (ngaranna teh Jayadi Hotman Sitorus). Upami ka abdi teh manehna ngajak nyarios ngangga basa Sunda wae, ngan eta basana kasar sareng uangaing sarta suasia, maklum urang Bogor. Sanaos henteu molotot, kumargi abdi lahir jeung ageung di Priangan, kawitna mah sok mentegeg sareng keuheul ka manehna teh. Tapi lamilami mah janten biasa, malah abdi ge kacandakeun uangaing sareng suasia ka manehna.
Baktos, Aschev ----- Original Message ---- From: waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, February 14, 2008 3:58:48 PM Subject: [Urang Sunda] Re: aing jeung sia Gumantung Kang, kumaha ngalarapkeunana. Umpama kecap aing jeung sia make jeung panon molotot atawa ditambahan kecap-kecap sejen nu kacirina keur ngambek, kuring yakin nu diajak ngomong, sanajan nu kontra UUBS oge, paling henteu bakal ngarasa ceulina rawing, malah nu sarua bedegong mah bisa "sarua ngasah bedog". Kudu ati-ati make kecap "aing" jeung "sia" keur urang Priangan. Sabab "aing" nunjukkeun posisi nu leuwih luhur atawa keur ngambek, sedengkeun "sia" keur nu sahandapeun atawa nu keur diambek. Maksakeun egaliter (eegaliteran) ka masyrakat nu masih feodal, hasilna lain alus, tapi malah "SALAH FAHAM"! Tepi ka ayeuna, urang Sunda Priangan, sanajan nu kontra UUBS, tetep ari nyarita mah make basa lemes atawa paling henteu basa loma, sabab nyaeta bisi SALAH TARIMA, nu diajak nyarita, ngarasa kahina! Teu percanten? cobaan geura ka pembantu di bumi, nyarios make sia jeung aing. Dijamin, pembantu di bumi teh moal betaheun ...da asa dicarekan wae ... Baktos, WALUYA ____________________________________________________________________________________ Never miss a thing. Make Yahoo your home page. http://www.yahoo.com/r/hs

