> From: Aschev Schuraschev
> Leres bah, kumaha ngalarapkeunana da kecap naon wae oge upami dianggo bari 
> molotot mah matak panas cepil.
> Kito oge kumaha tempatna.

Leres pisan MASALAH TEMPAT!  Dina susuratan, khususna dina millis, 
ngagunakeun kecap "aing" jeung "sia" bisa mucunghulkeun masalah, da teu 
terang,  naha nu nulis "aing" keur sorangan, "sia" keur batur teh, bari 
molotot atawa bari seuseurian? Keur urang Priangan, tulisanana bisa 
ditafsirkeun ieu jelema keur ngambek, komo bari ditambahan kecap "liang tai" 
mah!

Ari ceuk kuring mah, keur urang Priangan, teu kudu nurutan urang Banten, 
lamun teu bisa nurutan  gaya/ warna basa dialek Banten. Cukup make basa loma 
we, lamun hayang disebut egaliter mah.

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke