Seratan ngeunaan "cermin" lir ibarat kapribadian umat muslim anu gaduh hate anu 
bodas suci bersih anu mantulkeun ka umat muslim lainna, ngemutkeun abdi kana 
seratan Wawan Susetya dina Buku Sufistik Islam Jawa. 
   
  Dina Bab akhir 'Kaca Benggala" caritana 
  Di hiji taman anu endah pinuh ku kembang sareng kupu-kupu. Sadanya kupu-kupu 
anu gaduh warna pohara reueusna ka diri sorangan dugikeun ka sombong. Kupu-kupu 
anu warna bodas sombong ku warna bodasna, cenah bodas warna dasar boh kitu deui 
anu warna hejo sadayana alam hejo matak seger narik kana hate, beureum, koneng, 
biru jeung hideung. 
  Eta kupu-kupu diingetkeun  ku batu inten yen anu leuwih alus tibatan 
maranehanana nyaeta cahaya sabab upami teu aya cahaya moal kaluar kaendahan 
warna kupu-kupu.  Sabab cahaya gaduh warna anu leuwih ti eta kupu-kupu. Kapa 
cahaya mah gaduh warna-warna anu tiasa janten warna biru, koneng sareng beureum 
jst. 
  Si kupu-kupu helok ka si inten kunaon manehanana teu sombong jiga 
maranehanana. Apanan ari inten mah bisa mendarkeun sakabeh warna, warnana anu 
herang jeung endah jiga cahaya. Malah si kupu-kupu rek ngajadikeun inten jadi 
ratu. Tapi si inten nolak lantaran cenah aya anu leuwih herang, leuwih murni, 
leuwih ....batan manehanana jeung inten nyaeta kaca benggala. ceuk si Inten : 
"Lamun kupu-kupu di deukeut eta kaca benggala bakalan siga kupu-kupu. Kitu deui 
batu bakalan siga batu persis teu dipiceun sasieur". 
  Anjog ka tempat kaca benggala, batu, kupu-kupu jeung barang liannya ngaca ka 
eta kaca benggala si batu rada helok sabab kaciri goreng patut eta batu anu 
taya lianna ti manehna sorangan. Kitu deui kupu kupu...
   
  ieu simbol dijelaskeun ku si Inten yen kacabenggala teh ibarat hate anu 
bersih, kaca anu bersih, anu mantulkeun ka umat muslim lainna. Mun seug hiji 
jalmi anu tos gaduh hate anu jiga kaca benggala bakalan nampi saha wae jalmi 
rek hideung, rek hejo, rek bodas, rek beureum ibarat eunteung dina dirina, teu 
ngabeda-bedakeun. 
   
  Punten rada aya filosofis Jawa....pan Jawa Barat...he....he..eh Kulon....
   
   
  Mangga
  

dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  
                         


www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux
 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke