Talatah Abah

"Abong keur usumna nya jang!"

"Usum naon Bah?"

"Enya usum pilkda, itu geura diunggal pengkolan meni regreg poto anu rek 
nyaralon!"

"Sumuhun Bah, mun keur beurang heug kasorot panon poe, sarerengeh maroe huntu!"

"Komo anu kumisan mah Jang, tingali geura aya nu ngajedig sagede leungeun 
budak!"

"Matak sawan orok, nya Bah!"

"Tong boro orok, dalah Abah ge sok reuwas, komo wanci peuting mah, ngabelegedeg 
palebah pengkolan mana harieum, ari bray kasorot lampu mobil, sugan teh 
saha,singhoreng nu hayang dicolok, duka saha da nu katingali teh huntuna we 
sangereng!"

"Ari palebah ngaran-ngarana mah rempeg nu anyar nya Bah!"

"Enya Jang, gelarna ge meni rempeg, ngajejer, panjang pisan!"

"Teu sieun-sieuneun berewit kapanjangan teuing gelar, nya Bah!"

"Sigana lain berewit alatan  beurat ku gelar, dina berewitna ge paling entasna 
da loba teuing mikiran biaya urut kampanyeu, komo umurna nu geus cueut kahareup 
mah".

 "Ceuk uing ge Bah, pasrahkeun we kanu ngarora, nu ngora mah masih keneh jagjag 
waringkas tur leupas tina rezim baheula!"

"Tapi nu ngora ge, ari politikus karbitan mah percumah, Jang, percayakeun we ka 
kolot, pan kolot mah geus legok tapak genteng kadek,landung kandungan,laer 
aisan tea, tara getas harupateun, dina palebah nyokot kaputusanana!"

"Ceuk uing mah tetep, budak ngora geus mangsana makalangan, Bah!"

"Karep..!! Ngan abah mah talatah ka barudak ngora, mun dina emprona kudu 
pingpin ku budak ngora kade omat kudu bisa ngeunyeuk dayeuh ngolah nagara 
kalayan bener, ulah ngerakeun kolot!"

"Sigana moal Bah, da geus marasagi sagala rupana!"

"Aeh Jang, ngomong-ngomong, bejana aya artis sinetron nek milu nyalon oge?"

"Leres Bah, jadi politron, nya POLItikus, nya tukang sineTRON!"

"Keun wae jang nu penting jangji-jangji politikna ulah bohong kawas disinetron!"

"Paling henteu ari artis mah geus boga modal,Bah! Modal tampang tea, pan kiwari 
mah mun nek nyalon teh salian misi jeung visina nu alus panampilan oge 
dipeunteun Bah, ceuk  budak ngora mah kudu fotogenik tea, lantaran mun nek 
nyalon kapan potona sok dipajang dimana-mana, atuh mun geus jadi pajabat kudu 
camera face da unggal poe disorot ku kamera tipi!"

"Lain Jang ari abah kaasup fotogenik henteu, nya?"

"Tah mun kumis cokromna dikurud mah Bah, pasti jadi fotogenik!. Naha Abah nek 
ngilu nyalon kitu?'

"Lain nek nyalon, tapi nek ngaheroan randa anyar dilembur sabeulah, bejana 
super bahenol Euy!"

"Leuh siabah mah, ceuk uing ge geus kolot mah ulah loba kahayang, komo masalah 
perandaan mah, pasrahkeun we kanu ngora!"

"Lah..angger we nu ngora sok hawek!"



aya nu haneut keneh didieu :

www.keomsakedap.multiply.com


Kirim email ke