Kemis kamari, si kuring ti depok sosorangan ka
Bandung,nedunan panggero "GETIH GOIB", ilubiung dina
acara mieling poe basa Indung di Aula Unpad.
Tadina mah mandeg mayong, jadi atawa heunteu, soalna
euweuh batur ngobrol di jalan. Kang Agus Pakusarakan,
ngan semet nanyakeun jama sabaraha acarana.
Satengah salapan, pikiran buleud, torolong naek ojek
ka pool cipaganti deukeut universitas Pancasila. Jam
salapan, mobil cipaganti ngadius ka bandung, sok
sanajan ngan dieusian ku tilu panumpang. Jam sawelas
leuwih, geus aya di lapangan Gasibu. Katingali di
hareupeun gedong sate aya demonstrasi anu
ngacung-ngacungkeun spanduk basa arab. Pulisi
jaga-jaga di sabudeureun gedong sate. Eta anu demo teh
geuning ti HTI (Hizbut Thahir Indonesia). Ti Gasibu
naek ojek ka Dipati Ukur, Di hareupeun Rektorat Unpad,
kuring dis ambut ku para mahasiswa anu keur demo oge.
teuing demo nungtut naon. Jalan saeutik, blus wae ka
Aula Unpad. Kasampak teh KAng Ganjar keur diwawancara
ku para wartawan. Solongkrong sasalaman. Saliwatan mah
aya "Statement" kang Ganjar asup kana ceuli. Cenah,
kusabab geus "given" jadi urang Sunda, atuh wajib kudu
miara basa jeung budaya Sunda. Para wartawan anu masih
ngarora teh, katingali angguk-anggukan, bari jeung
kotrat kotret nulis. Atuh di Panggung, keur
dipintonkeun "bobodoran" kasenian Sunda. Cekres wae
difoto. tas moto sababaraha kali, ngoloyong ka tempat
kadaharan, da diawaran. Difoto heula jeung kang
Ganjar, pikeun bukti kuring tas ti Unpad. tos kitu,
kuring masrahkeun buku pangeling-ngeling Guru Besar
FHUI Prof. Padmo wahjono. Teu antaparah "Habek-habek"
wae ngagasak kadaharan, anu masih ngalayah di dua
meja. Kadaharan masih loba, tapi tamu saeutik. Tapi
hanjakal teu bisa rewog, solana di lapangan gasibu,
ngaqbaso tomat heula.
Ningali pameran buku di bagian hareup aula. Pendak
jeung Ua Sasmita, aya Teh Mpup jeung teh Herni ti
Bogor anu keur nungguan kang Hendra (majalah Hanjuang
Bogor) anu masih keneh mumuteran di jalan Juanda.
Ngobrol uplek jeung Ua Sasmita, perkara rumah bacana.
Ningali koleksi buku rumah baca Ua Sasmita, mun aya
mahasiswa nu rajin mah, bisa ngahasilkeun sababaraha
skripsi atawa tesis. Ningali sabbaraha buku heubeul,
aya anu narik ati, nyaeta tipografi huruf anu dipake,
geus teu aya atawa teu dipake deui jaman kiwari.
Waktu dibewarakeun juara anu ngeusian tarucing cakra,
Kang Darpan, kepala sekolah SMP Pakenjeng Garut
meunang juara kahiji. Hadiahna hiji lap top. Teh MPup
anu paling gumbira, sabab jadi skondanna kang Darpan.
Kuring ngaheureuyan kang Darpan, Guru anu "berhasil",
nyaeta lamun bisa murid jadi pinter. Kumaha caranya
tah, sangkan lap top teh bisa minterkeun murid SMP
PAkenjeng jadi dina widang IT.
Sabada lekasan acara, jam hiji, tadina rek nganjang ka
kantor kang Oman, tapi kang Omana masih sibuk rapat.
Dius wae ka tempat mangkal Cipaganti di Pasteur. Jam
dua, Cipaganti teh nyemprung ka Lenteng Agung.
Panumpangna ngan tiluan, jiga tadi isuk indit. Jam
opat leuwih geus nepi ka Kampus Depok.
baktos,
mrachmatrawyani
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?
Find them fast with Yahoo! Search.
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping