Bade anom bade sepuh mangga weee ....
Anu paling penting jujur ,  adil, bijaksana, boga hati nurani, jeung iman
.....
 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of Abdul Qodir Jaelani
Sent: Friday, February 22, 2008 3:19 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Talatah ABAH





Yoi pisan caritana kang, apdet sareng kajadian nu haneut pisan. Pribados mah
satuju kana prinsip budak ngora kudu jadi gaganti ti kolot, tapi nyaeta nu
dipikasieun teh nyaeta tadi tea, politikus karbitan. Mudah-mudahan pamingpin
urang tiasa nyandak kana kahadean ka urang sadayana we lah... Amin.....


----- Original Message ----
From: syam <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, February 21, 2008 3:25:43 PM
Subject: [Urang Sunda] Talatah ABAH





Talatah Abah

“Abong keur usumna nya jang!”

“Usum naon Bah?”

“Enya usum pilkda, itu geura diunggal pengkolan meni regreg poto anu rek
nyaralon!”

“Sumuhun Bah, mun keur beurang heug kasorot panon poe, sarerengeh maroe
huntu!”

“Komo anu kumisan mah Jang, tingali geura aya nu ngajedig sagede leungeun
budak!”

“Matak sawan orok, nya Bah!”

“Tong boro orok, dalah Abah ge sok reuwas, komo wanci peuting mah,
ngabelegedeg palebah pengkolan mana harieum, ari bray kasorot lampu mobil,
sugan teh saha,singhoreng nu hayang dicolok, duka saha da nu katingali teh
huntuna we sangereng!”

“Ari palebah ngaran-ngarana mah rempeg nu anyar nya Bah!”

“Enya Jang, gelarna ge meni rempeg, ngajejer, panjang pisan!”

“Teu sieun-sieuneun berewit kapanjangan teuing gelar, nya Bah!”

“Sigana lain berewit alatan  beurat ku gelar, dina berewitna ge paling
entasna da loba teuing mikiran biaya urut kampanyeu, komo umurna nu geus
cueut kahareup mah”.

 “Ceuk uing ge Bah, pasrahkeun we kanu ngarora, nu ngora mah masih keneh
jagjag waringkas tur leupas tina rezim baheula!”

“Tapi nu ngora ge, ari politikus karbitan mah percumah, Jang, percayakeun we
ka kolot, pan kolot mah geus legok tapak genteng kadek,landung
kandungan,laer aisan tea, tara getas harupateun, dina palebah nyokot
kaputusanana!”

“Ceuk uing mah tetep, budak ngora geus mangsana makalangan, Bah!”

“Karep….!! Ngan abah mah talatah ka barudak ngora, mun dina emprona kudu
pingpin ku budak ngora kade omat kudu bisa ngeunyeuk dayeuh ngolah nagara
kalayan bener, ulah ngerakeun kolot!”

“Sigana moal Bah, da geus marasagi sagala rupana!”

“Aeh Jang, ngomong-ngomong, bejana aya artis sinetron nek milu nyalon oge?”

“Leres Bah, jadi politron, nya POLItikus, nya tukang sineTRON!”

“Keun wae jang nu penting jangji-jangji politikna ulah bohong kawas
disinetron!”

“Paling henteu ari artis mah geus boga modal,Bah! Modal tampang tea, pan
kiwari mah mun nek nyalon teh salian misi jeung visina nu alus panampilan
oge dipeunteun Bah, ceuk  budak ngora mah kudu fotogenik tea, lantaran mun
nek nyalon kapan potona sok dipajang dimana-mana, atuh mun geus jadi pajabat
kudu camera face da unggal poe disorot ku kamera tipi!”

“Lain Jang ari abah kaasup fotogenik henteu, nya?”

“Tah mun kumis cokromna dikurud mah Bah, pasti jadi fotogenik!. Naha Abah
nek ngilu nyalon kitu?’

“Lain nek nyalon, tapi nek ngaheroan randa anyar dilembur sabeulah, bejana
super bahenol Euy!”

“Leuh siabah mah, ceuk uing ge geus kolot mah ulah loba kahayang, komo
masalah perandaan mah, pasrahkeun we kanu ngora!”

“Lah….angger we nu ngora sok hawek!”

 

aya nu haneut keneh didieu :

www.keomsakedap. multiply. com <http://www.keomsakedap.multiply.com> 

 



  _____  

Looking for last minute shopping deals? Find
<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/c
ategory.php?category=shopping> them fast with Yahoo! Search. 



 

IMPORTANT NOTICE: 
The information in this email (and any attachments) is confidential. If you are 
not the intended recipient, you must not use or disseminate the information. If 
you have received this email in error, please immediately notify me by "Reply" 
command and permanently delete the original and any copies or printouts 
thereof.  Although this email and any attachments are believed to be free of 
any virus or other defect that might affect any computer system into which it 
is received and opened, it is the responsibility of the recipient to ensure 
that it is virus free and no responsibility is accepted by American 
International Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either jointly or 
severally, for any loss or damage arising in any way from its use.

Kirim email ke