Meni rebeh ieu irung....Jadi sieun Eteh......bilih disangki ria, padahal da
kuring mah ukur sharring, jeung nembrakeun kaayaan kuring ayeuna. Keun we
diimah teu boga korsi ge teu era, da dikantormah teu weleh ngadiukan
korsi...hehehe...
Kuring bade ngaluruskeun, Saleresna sanes kuring pedah tebal iman na Teh,
Sanes kuring leubeut ku elmu, lain pedah kuring kalakuan alus....
Naon anu karandapan ku kuring, padah we Allah masih keneh maparinan jalan anu
lempeng ka kuring. mudah-mudahan salalawasna.Amiin. mArgi dina shalat kuring
sumegruk "ihdinas sirothol mustaqiim, sirootolladzina an 'amta alaihim ghairil
maghrubi alaihim waladlooliin."
Sedengkeun allah mah maha berkehendak apanan. rahasia deui...
Ngan Allah nu ngabulak-balikeun hate hiji jalma. Ngan Allah nu nga imankeun
hiji jalma, ngan Allah nu minterkeun hiji jalma. ngan Allah nu ngasolehkeun
hiji jalma. kitu deui sabalikna ngan Allah nu nu ngajadikeun hiji jalma jadi
Kafir, ngan allah nu ngajadikeun hiji jalma jadi gelo, ngan allah nu
ngajadikeun hiji jalma jadi bodo, ngan allah nu ngajadikeun hiji jalma jadi
bangsat jeung sajabana.
INget kana lagu bimbo "aku..dekat, engkau dekat, aku jauh engkau jauh.....
mun dipikir memang bener, sing saha nu hayang wanoh jeung deukeut jeung
ALlah,hayang deukeut jeung Allah. mangkana kedah deukeut jeung Allah.
Carana???? Shalat...balik deui ka shalat tah......
Cara nu sejen....mun hayang deukeut jeung allah, wawuhan tah jelema nu
deukeut jeung wanoh ka Allah. Kitu deui sabalikna.
Akang, eteh, ayi, emang ibi, ua.....pami ku urang diemutkeun, geuning teu
sakedik jalmi nu apal dina hukum alquran, tahfiz, jeung hatam na ge geus mang
ratus2 kali. Ari pek teh tigebrus jadi koruptor. curaling...rasuah ceuk urang
dieu mah....kunaon tah???
Sabab kersaning Allah. Allah maha kawasa......matak US hayu urang amar ma'ruf
nahi munkar....silih elingkeun ka jalma nu rek tigebrus, nuyun sobat nu
tijalikeuh...ulah hare2 mun kamalinaan sasar nya lampah, kudu geuwat sadar,
geuwat istighfar, geura tobat..
Ehhh....kateterusan....punten ah kuring siga kolot wae. da ieu mah sanes
mapagahan ngojay ka meri....(ceuk kang hasan eta ge, mun aya nu kasigeung
disebut meri tong ngambek ka kuring...kaditu we ka kang hasan)
Wassalam
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngiring mairan ah....
Subhanallah
Kang Dadi hatur nuhun tos babagi pangalaman. Mun seug urang
Indonesia emutan sadayana sami jiga Kang Dadi pasti aman, moal aya koruptor
(hiji hil nu mustahal heheh
moal rame atuh dunya teh nya?).
Kamari mah ningali pilem lawas na TiPi, Devile Advocate, nu janten lalakona
Keanu Reeves. Teu dimana-teu dimendi, teu di agama Islam teu di Nasrani,
geuning nu namina rejeki haram mah aya mamalana
sanaos gajih ageung, dipasihan
apartemen mewah, sagala fasilitas ok. Balukar tina ngaemam rejeki haram hirupna
kacow, istrina gelo
tungtungna ngabedil maneh
.
Sapuk, sakapeung mah urang teh kudu api2 jadi jalma lolong, pireu bin torek
dina enggoning hirup, turutan we bebek
cueeeexxxx
beybeh heheh
Emut kasauran Aa Gym, yen jalmi pinter teh sanes ku cerdas uteukna, tapi dina
sagala rupi tingkah paripolah urang aya alarmna nyaeta emut kana maot. Jadi
unggal bade ngalakukeun nu teu leres teh, ari emut kana maot mah, pan moal
janten?...
Tapi ari saur dr. Lula Kamal mah jalmi pinter teh minum tolak angin
ceunah
...heuheu
(heureuy nu ieu mah).
salam,
ro2
Dadi Kurniadi [EMAIL PROTECTED] Tue Mar 4, 2008 1:40 pm
Loba harta loba banda tapi teu berekah, ari geletuk teh tong gede-gede
dibere diabetes we, cik kumaha? loba duit rek dahar jeung nungeunah teu bisa
loba, diukur, di gram....
Loba mobil aya kana 10 na warna warni, dipake nage diakurkeun jeung mun make
warna baju. Na da ari dipake teh bet ukur hiji geuning. teu bisa dipake
babarengan.
Imah sakitu gedena ukur ngaheurinan lembur hungkul, da teu ka ubek kabeh...
Jadi naon nu rek diteangan baraya..??
Balik deui ka lalakon simkuring. Sanajan kaayaan kuring model kitu, di imah
teu boga korsi-korsi acan (pedah lain teu kabual) da percuma da moal cicing
salilana dilembur batur. Cukup ngampar karpet we diruang tengah. dibaturan ku
tv 21". padahal mun kuring balik ka lembur atawa ka Batam pasti wae ateul
hayang meuli ieu jeung itu.
Tah pipikiran "hirup ukur ngumbara" teh kudu diterapkeun dina raraga urang
babanda. Inget yen urang teh moal lana didunya. Tapi geuning ari dilembur urang
mah mun aya jelema model kuring nepi ka teu boga korsi-korsi acan, teu weleh
pada ngaromongkeun. Didieu mah dulur...Chuuu eexxxx we.....euweuh nu usil.
Baraya, Kahirupan kuring model kitu, dianggap kukuring mah hiji anugrah anu
taya wates wangen na. Sanajan gaji kuring leutik (ceuk ukuran jabatan kuring),
tapi dina hate aya hiji kabungah anu taya wates wangen na.
Sababna :
hiji kuring disalametkeun tina curaling.
Kadua bisa nganafkahan anak pamajikan ku jalan halal.
Katilu berekah dina ngamangfaatkeun gaji.
Ka opat dibere kasempetan ku pausahaan pikeun nga explore kamampuan kuring.
Sabab sabenerna mah kuring teh pangsiunan "budak angon" waktu keur dilembur.
Kuring leuwih punjul batan babaturan kuring nu masih nepi ka ayeuna masih keneh
ngajabat jadi "budak angon" sabab Allah tetep nalingakeun jeung ngawaskeun
kuring beurang jeung peuting.
Peupeujeuh ka dulur sadaya, jabatan teh "Amanah" nu kudu dijalankeun jeung
dijaga ku urang. Masing-masing jalma tangtu ngabogaan "amanah" teu no bodas teu
nu hideung, teu miskin teu beunghar kabeh ngabogaan "amanah" da geus jadi
fitrahna manusa.
Peupeujeuh ka US kasing ka boga ka era, ulah ngerakeun US nya.....
Ngomong kieu teh ceuk kang dudi oge itung-itung ngingetan diri sorangan, mun
aya mangfaatna mangga we pulungan.
wassalam
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.