> From: Roro Rohmah > Kamari mah ningali pilem lawas na TiPi, Devile Advocate, nu janten > lalakona Keanu Reeves. Teu dimana-teu dimendi, > teu di agama Islam teu di Nasrani, geuning nu namina rejeki haram mah aya > mamalana.sanaos gajih ageung, dipasihan > apartemen mewah, sagala fasilitas ok. Balukar tina ngaemam rejeki haram > hirupna kacow, istrina gelo. tungtungna > ngabedil maneh..
Teh Roro, eta mah dina pelem ...hehehehe. Dina realitasna mah henteu kitu sadayana. Sakapeung (henteu kabeh) jalma nu beunghar atawa nu boga kakawasaan teh, malah turunan jalma nu rada kurang baleg. Raja-raja di karajaan Jawa baheula, turunan Ken Arok. Saha ari Ken Arok teh? .....preman, lamun ayeuna mah. Di Amerika, loba jelema beunghar, tapi lamun disusud timana hartana, aya oge harta meunang teu bener. Dalah klan Kennedy anu dipihormat ku urang Amerika oge, cenah baheula luluhurna sok nyulundupkeun minuman Keras ka Amerika, nu harita mah dilarang. Jeung loba deui jutawan Amrik nu baleunghar kulantaran tadina kolotna ngalanggar hukum, tapi teu bisa dihukum kupinter-pinter maranehna neangan celah-celah kalemahan hukum. Sigana kahareup di urang oge bakal siga kitu, malah leuwih parah. Turunan nu baleunghar ayeuna, rek beungharna ku jalan jujur atawa teu jujur, bakal tetep baleunghar jeung tetep bakal asup ka kelas elite dina marebutkeun kakawasaan. Nu kawasa di urang, bakal muter-muter didinya-dinya keneh ............ Baktos, WALUYA

