Heheh* bodor*Ngiring ngadongeng ah*

Harita taun 90an, kuring keur nganjrek di Mess AURI keneh. Aya pasapon & nu sok 
babantu di dinya. Hiji poe, kuring kaluar ti kamar, ningali keur ngagarulung we 
3an, kutrat-kotret dina kertas bari pating karerung tarangna (jiga nu heueuh 
keur ngajawab soal make rumus matematika atawa fisika). 
"Pa, nuju daramel naon?", ceuk kuring nanya.
"Ieu Neng, ngotret rumus.. dibulak balik titatadi angger bae teu kapendak". 
"Rumus naon?" 
"SDSB!" ampir bareng.
"Mmmmm* cik  cobian 48!" ceuk kuring asbun.

Isukna meuni reang*
"Aduh, Neng*naaa ni tiasaan ngarumus teh?.. hanjakal teu dipasangan ku Bapak".
"Sok kanggo minggu payun nomer sabaraha?" 
"Cik atuh Neng, tulungan Bapa yeuh*"

Kuring ngan saukur kerung*ditungtungan ku ngaheheh....

ro2.

>>> [EMAIL PROTECTED] 03/13/08 02:19PM >>>
Aya dongeng yeuh, lain dongeng ketang, tapi carita nyata: minggu kamari, di 
panganjrekan uing, hiji  peuting hujan ngagebret, ari isuk-isuk ibur, sihoreng 
mobil balad kuring katinggang tangkal kai rungkad. Pasosorena aya mahasiswa 
akew nanya ka balad kuring, nanyakeun nomer mobilna. Balad uing panasaran, keur 
naon eta budak make nanaya nomor mobil sagala rupa. "Keur meuli nomer buntut," 
cenah jawabna teh. (mh)


On 3/12/08, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
Aduh leres pisan abdi ngalaman pisan zaman harita..malah dikompleks mahasiswa 
indekosan teh loba pisan anu dagang buntut..meja leutik jeung cempor....di kaki 
lim jalan oto iskandardinata...pasolengkrah anu dagang code..versi Wong kam 
Fu..embah jamrong..Ajengan Leuwigajah...kaaasup aya Radar ITB anu kasohor  (teu 
yakin anu nyiptana urang ITB). Ari anu matk ngenes mah..eta NALO sareng aya 
hiji deui nyaeta LOTTO tos janten bagian tina kahirupan masbaw harita..teh. 
Moal aneh mun hiji wengi aya nu naros kaurang " Ari ayeuna teh malem NALO 
atanapi malem LOTTO ?", maksadna malem eta teh malem dikocok nomer NALO atanapi 
LOTTO. Nepi ka kakitu harita......

Kirim email ke