"Mmmmm* cik cobian 48!" ceuk kuring asbun, kabeneran bari ngareret kana nomer sendal kuring. Tapi kuring ngadadak kerung sorangan, "Naha sendal kuring teh badag-badag teuing atuh ?" bari ulak-ilik kana suku..
hi hi ceu Roro dadang ? nuhun we atuh pami dagang mah, da abdi ge nanang. -dul- --- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Heheh* bodor*Ngiring ngadongeng ah* > > Harita taun 90an, kuring keur nganjrek di Mess AURI keneh. Aya pasapon & nu sok babantu di dinya. Hiji poe, kuring kaluar ti kamar, ningali keur ngagarulung we 3an, kutrat-kotret dina kertas bari pating karerung tarangna (jiga nu heueuh keur ngajawab soal make rumus matematika atawa fisika). > "Pa, nuju daramel naon?", ceuk kuring nanya. > "Ieu Neng, ngotret rumus.. dibulak balik titatadi angger bae teu kapendak". > "Rumus naon?" > "SDSB!" ampir bareng. > "Mmmmm* cik cobian 48!" ceuk kuring asbun. > > Isukna meuni reang* > "Aduh, Neng*naaa ni tiasaan ngarumus teh?.. hanjakal teu dipasangan ku Bapak". > "Sok kanggo minggu payun nomer sabaraha?" > "Cik atuh Neng, tulungan Bapa yeuh*" > > Kuring ngan saukur kerung*ditungtungan ku ngaheheh.... > > ro2. > > >>> [EMAIL PROTECTED] 03/13/08 02:19PM >>> > Aya dongeng yeuh, lain dongeng ketang, tapi carita nyata: minggu kamari, di panganjrekan uing, hiji peuting hujan ngagebret, ari isuk-isuk ibur, sihoreng mobil balad kuring katinggang tangkal kai rungkad. Pasosorena aya mahasiswa akew nanya ka balad kuring, nanyakeun nomer mobilna. Balad uing panasaran, keur naon eta budak make nanaya nomor mobil sagala rupa. "Keur meuli nomer buntut," cenah jawabna teh. (mh) > > > On 3/12/08, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Aduh leres pisan abdi ngalaman pisan zaman harita..malah dikompleks mahasiswa indekosan teh loba pisan anu dagang buntut..meja leutik jeung cempor....di kaki lim jalan oto iskandardinata...pasolengkrah anu dagang code..versi Wong kam Fu..embah jamrong..Ajengan Leuwigajah...kaaasup aya Radar ITB anu kasohor (teu yakin anu nyiptana urang ITB). Ari anu matk ngenes mah..eta NALO sareng aya hiji deui nyaeta LOTTO tos janten bagian tina kahirupan masbaw harita..teh. Moal aneh mun hiji wengi aya nu naros kaurang " Ari ayeuna teh malem NALO atanapi malem LOTTO ?", maksadna malem eta teh malem dikocok nomer NALO atanapi LOTTO. Nepi ka kakitu harita...... >

