aya positifna nalo jeung porkas teh, salah sahijina jelema jadi teu sieun ku
jurig. asana ti mimiti harita, tempat-tempat nu tadina dianggap sanget,
tempat nu dianggap lembur jurig jeung ririwa pada ngontrog ku  jelema nu
neangan nomor buntut.

ngan aya oge negatifna, kulantaran tempat nu tadina sanget, sanggeus dijorag
ku maniak nalo jadi teu sanget deui. jurigna geus ngalacir sieun ditanya
nomor buntut. akhirna ka eta tempat jiga kitu, jelema beuki owah, tangkal
kai nu harieum jadi sumber cai nyusu beak ledis ditaluaran, da euweuh deui
nu dipikasieun. (mh)

On 3/13/08, Hari Wibowo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Miluan carita ahh . . .
>
> Ieu mah asli kaalaman ku kuring pribadi
>
> Harita masih sakola kls 3 SD di banjar
>
> Boga babaturan ngarana Dadang Kardiat urang garut bapakna pangsiunan
> tangtara
>
> Hiji waktu basa keur ulin di imah manehna, kuring dicalukan ku bapakna tah
> asup ka jero imah
>
> Di jero imah geus aya 2 tamu bapakna si Dadang, terus kuring dipenta
> tulung pang nempokeun aya tulisan naon
>
> dina kertas tik sanggeus ku salah sahiji tamuna bapakna si Dadang kertas
> tik eta dicelomkeun kana gelas eusi cai herang nu geus dijampaen
>
> basa nempo eta kertas tik awalna teu katempo aya tulisan nanaon, tapi
> lila-lila ketempo tulisan angka
>
> mimita angka 2, terus angka 2na leungit deui, terus aya deui angka 3,
> terus ganti deui angka 5
>
> angka-angka eta ku bapakna si Dadang dicatet
>
>
>
> basa balik ka imah kuring kajadian eta dicaritkeun ka kolot jeung lanceuk
> kuring
>
> kabeneran lanceuk kuring apal jeung wawuh pisan ka kaluargana si Dadang
> Kardiat
>
> da manehna sok milu latihan pencak silat ka salah sahiji lanceukna si
> Dadang Kardiat
>
> ari isukna lanceuk kuring tara tisasari hudang isuk terus ka bandar buntut
> urang cina,
>
> rupana lanceuk kuring milu masang eta nomor bari jeung angkana
> dibolak-balik
>
> ari balik maneh seura-seuri atoh pisan rupana angkana tembus . . . .
>
> sorena kuring dipangmeulikeun jajanan bari ngomong sing sering-sering we
> nya ulin ka si Dadang
>
>  sugan we aya deui nomor buntut kitu ceunah . . . heu heu heu
>
>
>
> cag, . . . geus ah, bisi aya nu menta tulung pang ramalkeun . . . . . heu
> heu heu
>
>
>
> bowieurangjawanulamiditatarpriangantimur
>
>
>  ------------------------------
>
> *From:* [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] *On
> Behalf Of *Roro Rohmah
> *Subject:* [Urang Sunda] Re: "NALO"
>
>
>
> Heheh… bodor…Ngiring ngadongeng ah…
>
>
> Harita taun 90an, kuring keur nganjrek di Mess AURI keneh. Aya pasapon &
> nu sok babantu di dinya. Hiji poe, kuring kaluar ti kamar, ningali keur
> ngagarulung we 3an, kutrat-kotret dina kertas bari pating karerung tarangna
> (jiga nu heueuh keur ngajawab soal make rumus matematika atawa fisika).
> "Pa, nuju daramel naon?", ceuk kuring nanya.
> "Ieu Neng, ngotret rumus.. dibulak balik titatadi angger bae teu
> kapendak".
> "Rumus naon?"
> "SDSB!" ampir bareng.
> "Mmmmm… cik  cobian 48!" ceuk kuring asbun.
>
>
>
> Isukna meuni reang…
> "Aduh, Neng…naaa ni tiasaan ngarumus teh?.. hanjakal teu dipasangan ku
> Bapak".
> "Sok kanggo minggu payun nomer sabaraha?"
> "Cik atuh Neng, tulungan Bapa yeuh…"
>
>
>
> Kuring ngan saukur kerung…ditungtungan ku ngaheheh....
>
>
>
> ro2.
>
> ------------------------------
> "This e-mail (including any attachments) is intended solely for the
> addressee and could contain information that is confidential; If you are not
> the intended recipient, you are hereby notified that any use, disclosure,
> copying or dissemination of this e-mail and any attachment is strictly
> prohibited and you should immediately delete it. This message does not
> necessarily reflect the views of Bank Indonesia. Although this e-mail has
> been checked for computer viruses, Bank Indonesia accepts no liability for
> any damage caused by any virus and any malicious code transmitted by this
> e-mail. Therefore, the recipient should check again for the risk of viruses,
> malicious codes, etc as a result of e-mail transmission through Internet"
>
>  
>

Kirim email ke