Pami sapahaman abdi mah, kang, manawi teu lepat, nuju
jaman Khulafaur Rayidin mah wakil umat teh mangrupi
sahabat2 Rasulullah anu elmuna tangtos tos dipercanten
ku rakyat nuju harita. Teras aya nu namina Majelis
Umat (tiasa non muslim dilebetna) anu janten pengawas
Khalifah nuju ngajalankeun pamarentahan meh teu kaluar
ti syariat Islam, pami nyata2 Khalifah teh teu amanah
ka aturan Allah SWT nya tiasa diturunkeun ku rakyat
margi kekuasaan tertinggi mah tetep di rakyat.
Tah pami cara pemilihan Majelis Umat atanapi Khalifah
ieu metodena teu aya nu baku hartosna tiasa macem2
termasuk Pemilu ge tiasa.
tapi kade bentena ieu majelis umat mah sanes ngadamel
hukum tapi ngawas pamarentah meh tetep amanah. benten
pisan sareng demokrasi.
Cara Pemilihan mah Uslub (cara) janten tiasa benten2
da henteu wajib, nu wajibna mah nya Baiat na tea.

Bilih gaduh emutan nu sanes mah manawi tiasa
dilenyepan ku simkuring.

Baktos,
Tessar

--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> > Tessar Wardhana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Manawi ieu tiasa kaanggo, kang waluya!! bilih kang
> > Dien gaduh referensi sanes hatur nuhun pami tiasa
> di
> > share...
> 
> Hatur nuhun Kang. Kuring bieu macaan saliwatan.
> Geuning, ceuk tafsiran 
> kuring mah, soal pangangkatan kahlifah nu opat (Abu
> Bakar, Umar, 
> Ustman jeung Ali) asa ngaharib-harib jeung sumanget
> demokrasi, jalma 
> teh sarua kabeh hakna.
> 
> Didinya disebutkeun musyawarah. Mussyawarah teh pan
> rapat wakil umat. 
> Ari wakil umat dipilih kusaha?
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke