Heuheu...timana sumbernya nya..???
Sajarahna pasti dijieun ka nu ngewa ka saudi jeung salafy atawa wahaby, mun
sejarahna dijieun ku paham nu dengdek ka saudi /salafy/wahabi mah pasti beda
deui ..
Keun we lah .....sing saha-saha nu salah mah, di akherat bakal ditimbang amal
perbuatan na. nu penting urang salaku umat, panceg keun aqidah, yakin keun yen
Allah teh maha sagala-galana. yen pangeran teh hiji dzat nu dijadikeun
pamuntangan, ulah muntang salian ti manten-Na, ulah yakin aya kakawasaan salian
ti manten-Na. Ulah menta pitulung ka Jimat, khadam, keris, batu jeung benda2 nu
diciptakeun ka Allah. Ulah menta pitulung ka karuhun, aluk mah doakeun sing
dilapangkeun di alam kuburna.
Amalkeun amalan muammalah nurutkeun syariah, amalkeun ibadah nurutkeun
syariah...
Teu meunang ngamalkeun amalan nu teu aya contona ti rosul.....amalkeun amalan
nu tos dicontokeun ku rosul.
Jauhkeun riba, sabab sadayana tos terang ancaman nu ngalakukeun riba.
Nampi atawa henteu naon anu disebatkeun diluhur, kembali ka diri
masing-masing. sabab Allah nu bakal ngalempengkeun jalan ka tiap-tiap individu
umat.
Sakitu, punten rurusuhan seueur damelun.
wasalam
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Keur nambah wawasan, yen sabenerna aliran Wahhabi di Arab Saudi (oge
di
nagara teluk sejenna) MOAL BISA AKUR jeung ide Kekhalifahan model Turki, ieu
kasang tukangna meunang mulungan ti sababaraha sumber (Kanu langkung
terang, punten dilereskeun):
---------------------------------
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.