oooo...
Nya atuh urang keduk di postingan group. manawi teu
acan didelete.
Nuhun kang W!
Baktos
Tessar
> Ih beda deui Mustafa Kamal jeung Lawrence of Arabia
> mah. Perkara Musrafa
> Kamal geus diposting ku kuring didieu, mangga
> pilarian arsipna dina
> yahoogroupsna (oge aya postingan tinu sanes). Ari
> Lawrence of Arabia mah
> filmna kungsi diputer sababaraha kali di Stasiun TV
> di urang. Pangakhirna
> kuring nonton di Metro TV.
>
> Kieu atuh singketna mah. Baheula tepi ka akhir abad
> ka 19, teu aya urang
> Barat nu wani asup ka pedalaman jazirah Arab. Dalah
> tantara Turki Usmani oge
> ukur kawasa di kota-kota wungkul. Nu kawasa di
> sagara keusik mah nya
> suku-suku Badewi. Aya hiji awewe petualang Inggris,
> nu wanian (kuring poho
> aranna) manehna asup jeung gaul jeung suku-suku Arab
> Badewi. Awewe urang
> Inggris teh boga asisten aranna Thomas Edward
> Lawrence. Tah nu nuluykeun
> petualangan Awewe Inggris ieu teh Lawrence ieu.
> Lawrence keur rumajana
> resep petualangan. Manehna diajar basa Arab,
> apruk-aprukan di Afrika Kaler,
> make baju Arab jeung dahar kadaharan urang Arab.
>
> Di taun 1914, Perang Dunya I ngajelegur,
> Kekhalifahan Turki mihak ka Jerman
> ngalawan aliansi Inggris & Perancis. Lawrence jadi
> Perwira intelejen nu
> dikirim Inggris keur mantuan Feisal (Engkena jadi
> Raja Irak) dina mimpin
> pasukan Arab dina ngamerdekakeun Tanah Arab tina
> kakawasaan Turki Usmani.
> Lawrence sorangan nu mimpin serangan ngadadak bari
> tumpak onta, manehna
> ngarusak jalan kareta api jrrd, tepi ka Turki
> kawalahan. Di taun 1917
> manehna katewak jeung disiksa. Tungtungna Turki bisa
> dielehkeun (bareng
> jeung Jerman da eleh dina PD I). Lawrence jadi
> pahlawan legendaris jeung
> romantis. Tapi manehna nolak sagala kahormatan,
> malah pangsiun terus nulis
> buku " The seven pillars of Wisdom".
>
> Lawrence ngarasa hanjelu waktu Inggris jeung
> Perncis, mere kamerdekaan ngan
> satengah-satengah ka bangsa-bangsa Arab, balad
> manehna. Manehna ngarasa
> dikhianatan. Di taun 1923 manehna asup deui jadi
> tantara Inggris, make aran
> beda Shaw. Dihiji waktu ditaun 1925, manehna cilaka
> waktu tumpak motor, tepi
> ka maotna.
>
> Loba nu "kagum" ka Lawrence, boh urang Arab atawa
> urang Inggris, nu matak
> manehna jadi katelah "Lawrence of Arabia"!
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs