> From: "Tessar Wardhana" <[EMAIL PROTECTED]> > Abdi ge tertarik pisan kana sejarah keruntuhan > Khalifah Usmani. Dupi si Lawrance of Arabia teh si > Mustafa Kamal tea kitu nya? manawi aya nu terang...
Ih beda deui Mustafa Kamal jeung Lawrence of Arabia mah. Perkara Musrafa Kamal geus diposting ku kuring didieu, mangga pilarian arsipna dina yahoogroupsna (oge aya postingan tinu sanes). Ari Lawrence of Arabia mah filmna kungsi diputer sababaraha kali di Stasiun TV di urang. Pangakhirna kuring nonton di Metro TV. Kieu atuh singketna mah. Baheula tepi ka akhir abad ka 19, teu aya urang Barat nu wani asup ka pedalaman jazirah Arab. Dalah tantara Turki Usmani oge ukur kawasa di kota-kota wungkul. Nu kawasa di sagara keusik mah nya suku-suku Badewi. Aya hiji awewe petualang Inggris, nu wanian (kuring poho aranna) manehna asup jeung gaul jeung suku-suku Arab Badewi. Awewe urang Inggris teh boga asisten aranna Thomas Edward Lawrence. Tah nu nuluykeun petualangan Awewe Inggris ieu teh Lawrence ieu. Lawrence keur rumajana resep petualangan. Manehna diajar basa Arab, apruk-aprukan di Afrika Kaler, make baju Arab jeung dahar kadaharan urang Arab. Di taun 1914, Perang Dunya I ngajelegur, Kekhalifahan Turki mihak ka Jerman ngalawan aliansi Inggris & Perancis. Lawrence jadi Perwira intelejen nu dikirim Inggris keur mantuan Feisal (Engkena jadi Raja Irak) dina mimpin pasukan Arab dina ngamerdekakeun Tanah Arab tina kakawasaan Turki Usmani. Lawrence sorangan nu mimpin serangan ngadadak bari tumpak onta, manehna ngarusak jalan kareta api jrrd, tepi ka Turki kawalahan. Di taun 1917 manehna katewak jeung disiksa. Tungtungna Turki bisa dielehkeun (bareng jeung Jerman da eleh dina PD I). Lawrence jadi pahlawan legendaris jeung romantis. Tapi manehna nolak sagala kahormatan, malah pangsiun terus nulis buku " The seven pillars of Wisdom". Lawrence ngarasa hanjelu waktu Inggris jeung Perncis, mere kamerdekaan ngan satengah-satengah ka bangsa-bangsa Arab, balad manehna. Manehna ngarasa dikhianatan. Di taun 1923 manehna asup deui jadi tantara Inggris, make aran beda Shaw. Dihiji waktu ditaun 1925, manehna cilaka waktu tumpak motor, tepi ka maotna. Loba nu "kagum" ka Lawrence, boh urang Arab atawa urang Inggris, nu matak manehna jadi katelah "Lawrence of Arabia"! Baktos, WALUYA

