Kadangkala urang mah sok kaleuleuwihi dina maseakeun hal anu ajenna teu perlu diributkeun. Eta hadis ceuk nu hiji lemah, ceuk nu sejen deui ukur 'pepatah' (naon nya Sundana? bet jadi linglung eung...). Padahal lamun urang ngalenyepan eusina, sigana sadayana ge bakal pada ngaheueuhkeun. Elmu teh perlu jeung pardu, ku kituna, najan kudu miang ka Cina ge naon salahna?---Tangtuna elmu nu dimaksud teh elmu pikeun kamaslahatan urang kabeh... Piraku ari kudu nepi ka cadu nyiar elmu ka Cina gara2 hadisna doif mah...
On Fri, Mar 28, 2008 at 1:08 PM, Akhmad Gunawan wrote: > Ieu oge ceuk cenah, da kuring ge rumasa euweuh kanyaho ...hadist anu > shohih na teh anu uesina *"Tuntutlah ilmu sampai ke liang lahat*" atuh > meureun kawajiban urang nungtut ilmu teh nya salila urang jumeneng. Kitu tah > meuren...cobi atuh tah pangguarkeun ku Cep Dadi. >

