Leres kang, neangan elmu mah kamana oge tiasa, jeung teu aya salahna. rek ka 
amrik atawa ka ustrali ge bebas, taya halangan sanajan nurutkeun syariat oge, 
asal teu maehan aqidah urang.
  Anu jadi permasalahan didieu nyaeta, perkara yen cenah ieu hadist datangna ti 
rosulullah. padahal mah pan lain.
  Keur sabagean umat nu teu terang jeung teu sieun ku hukumna kanggo jalmi nu 
sok ngariwayatkeun hadist nu lain ti anjeuna (dhoif) tangtos ieu hal sepele. 
tapi kanggo sebagian jalmi nu apal hukumna yen ngariwayatkeun/nepikeun hadist 
nu lain ti anjeuna tangtos bakal sieun. Masih emut ancaman na kan???
  Saupami, kecapna kieu, "ceuk kang udin tungtutlah ilmu sampai ke negeri 
china" meureun moal jadi permasalahan, kang...
  Tah didieuna Islam teh simple, teu kudu di jieun susah. cukup ku, mun 
datangna ti rosul, laksanakeun, mun lain datangna ti rosul tinggalkeun. Nu teu 
dilakukeun ku rosul tong dilakukeun, nu dilakukeun ku rosul turutan, teu kudu 
ngaya-ngayakeun atawa ngajalankeun amalan nu teu aya contona ti rosul, beres 
alias rebes........
  ngan prinsipna hungkul nu simpel mah, tapi ari diajarna mah teu simple, kudu 
ngaji, kudu guguru, kudu diajar, jeung ngajar. kudu daek narima elmu jeung daek 
nyebarkeun elmu.
Contona wae kieu maksudna, ceuk rosul teh melalui wahyu nu ditarima, puasa lah 
aranjeun samodel anu geus diwajibkeun ku kuring ka jelema-jelema saencan 
anjeun, ari pek teh puasa nepi ka tilu poe tilu peuting da hayang afdol. Ari 
pek teh, keurmah kuru cileuh kentel peujit, langlayeuseun sajeroning 
ngajalankeun amalan, eh ari pek teh bet teu aya contona ti rosul, Anu akhirna 
tong boro kenging amal, malahmah kengng dosa pan, jadi puasalah sarua jeung 
puasana rosul, pas maghrib gancangkeun buka. TAh naon sababna manehna 
ngalakukeun amalan nu salah eta? nyaeta manehna teu apal cara2, prak2an na 
puasa. Naon sabab na ? sababna manehna teu diajar.
  Kitu kang ari kedah dijentrekeun mah, tapi kitu na ge ari kahartos, ari teu 
kahartos mah teu sawios, mana kitu ge kuring nu bodo teu tiasa nerangkeun nu 
langkung jelas.
  Ngan punten, ari saleresna mah ieu teh da lain pasea. Ua surtiwa, ua waluya, 
kang tesar jeung akang2 nu lian na sadayana ge lain pasea, urang sadayana dina 
raraga amar maruf nahi munkar, supados apal yen islam teh beda-beda paham. Tapi 
akhirna mah pan sami ka Allah-Allah keneh wae. Tah pami tujuan na geus beda 
jelas eta nu teu bisa.
  Contona we jalmi nu ti bandung rek indit ka jakarta, pan beda-beda kahayang 
jalan teh, nu saurang mah hayang ka puncak, nu saurang mah hoyong ka tol 
cipularang, nu saurang mah hoyong lewat subang, beda-beda pan, kitu deui alesan 
na. nu pasti tiap2 jalma boga alesan masing-masing sababna nyandak eta jalan.
  penilainan pan uih deu ka pendirian masing2.
  cag heula ah, kaleresan masih keneh pakepuk ku urusan dapur yeuh....
  
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Kadangkala urang mah sok kaleuleuwihi dina maseakeun hal anu ajenna 
teu perlu diributkeun. Eta hadis ceuk nu hiji lemah, ceuk nu sejen deui ukur 
'pepatah' (naon nya Sundana? bet jadi linglung eung...). Padahal lamun urang 
ngalenyepan eusina, sigana sadayana ge bakal pada ngaheueuhkeun. Elmu teh perlu 
jeung pardu, ku kituna, najan kudu miang ka Cina ge naon salahna?---Tangtuna 
elmu nu dimaksud teh elmu pikeun kamaslahatan urang kabeh... Piraku ari kudu 
nepi ka cadu nyiar elmu ka Cina gara2 hadisna doif mah... 
  
On Fri, Mar 28, 2008 at 1:08 PM, Akhmad Gunawan wrote:
            
  Ieu oge ceuk cenah, da kuring ge rumasa euweuh kanyaho ...hadist anu shohih 
na teh anu uesina "Tuntutlah ilmu sampai ke liang lahat" atuh meureun kawajiban 
urang nungtut ilmu teh nya salila urang jumeneng. Kitu tah meuren...cobi atuh 
tah pangguarkeun ku Cep Dadi.





  

                           

       
---------------------------------
No Cost - Get a month of Blockbuster Total Access now. Sweet deal for Yahoo! 
users and friends.

Kirim email ke