loba jelema anu panatik kana hiji golongan anu ngalantarankeun loba perbedaan jeung golongan lain. urang sok ngarasa bener lamun aya di komunitas sorangan. sok gampang nyalahkeun ka komunitas lain. padahal loba keneh PR nu teu kaharti ku urang. komo deui lamun teu hayang pisan neang sumber anu leuwing bener kanggo ukuran.
--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Jaman ayeuna mah jelema jadi gumantung buku atawa sumber nu dibaca. > Kadang-kadang atawa malah kalolobana, teu hayang neangan babanding jeung > buku sejen nu sarupa karangan pangarang sejen. > > > > Cara kanyataan yen aya ormas NU atawa Muhammadiyah atau Persis, buku-buku nu > dijadikeun rujukan tangtu masing-masing beda. Paling henteu nu nyumber ka > sumber asal eta ormas nu pastina jadi ciri atau pangbeda din prak2anana, > utamana dina hal fikih atau teknis. Tapi nu beurat mah Ahmadiyah, nu bedana > di wilayah ideologis atawa konsep dasar soal nabi pamungkas. > > > > Enya, aya cenah nu sabenerna mah lain hadist, ngan ukur paribasa, babasan > Arab, tapi duka kumaha jadi dianggap hadist. Cara Kebersihan Sebagian dari > Iman, cenah aya nu nyaritakeun yen eta teh babasan Arab, lain hadist. > > > > Bisa jadi Tuntutlah elmu sanajan nepi ka Cina oge boa paribasa Arab. Tangtu > perlu waktu jeung hese mun ayeuna jaman kiwari unggal urusan terus nempo > hadistna, kudu dijalujur heula timana-mendina. Perawina tea. Tapi da > pangeran oge geus mekelan nurani jeung logika atawa nalar. Logika kudu oge > dipake, sabab eta oge rahmat ti pangeran keur urang, nu teu dibikeun ka > mahluk sejen cara surili atawa meri. > > > > Duka ieu hadist kelas naon > > Cenah ngingu janggot sunat. Cenah aya hadistna. Salah sahiji alesan, sabab > nabi oge janggotan. Cenah deui, janggot teh tempat malaikat ngadu'a pikeun > urang. Mangga we kanu resep ngingu mah, keur kuring mah barabe, ongkoh > buluna dina dago si kuring mah siga nu teu purun jadina oge. > > _____ >

