Innalillahi.
Duh mani ngagebeg. Sok sanajan ari taqdir mah Allah anu kawasa.
Tapi dikantunkeun ku anjeuna tangtos ngarupakeun kaleungiteun anu ageung
jang US.
Mugia anjeuna dipaparin tempat anu sae di payuneng Mantena.

tantan

On Sat, Mar 29, 2008 at 10:39 AM, Gunawan Yusuf Miarsadireja <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Innalilahi wa Inna ilaihi rojiun, teu damang naon
> anjeuna ?, abdi gaduh kenangan sareng anjeuna nalika
> kirang langkung 3-4 taun kapengker, anjeuna janten
> ketua dewan kesenian banten, dina hiji waktos kuring
> nyerat sajarah banten diantawisna oge kantos dikintun
> ka milist urang sunda, kisunda, jrrd. Dina hiji waktos
> kenging e-mail ti Kang Prof Yoseph Iskandar nyalira,
> eusina koreksi tina seratan sejarah banten nu ku abdi
> damel, harita kaget kacampur atoh, lajeng anjeuna
> masihan no telp & HP, abdi nepangan ka kantorna di
> Serang, Banten, kumargi harita tos wengi pisan abdi
> teu tiasa ngobrol dugi ka rengse, mung harita jangji
> ka anjeuna yen hiji waktos rek nepangan deui, beu
> hanjakal tug nepi kiwari can kantos nepangan deui.
> Ya Allah, Gusti Nu Maha Suci tur welas asih mugia
> tiasa dihapunten sagala rupi kakirangan anjeuna, di
> tampi iman islamna, tur amal ibadahna, mugia oge aya
> anu neraskeun cita lampah anjeuna kapayun Amiiin Yaa
> Robbal Alamin
>
> --- ncep tribun <[EMAIL PROTECTED] <ce2p_burdansyah%40yahoo.com>>
> wrote:
>
> >
> > Kang Yoseph Iskandar Ngantunkeun Rebo 26 Maret
> >
> >
> > Dina fiksi sajarah Sunda mah Kang Yoseph Iskandar
> > teh
> > tiasa disebatkeun mandahongnna. Anjeunna miguruna ka
> > Kang Saleh Danasasmita, sajarawan Sunda. Atuh
> > novel-novelna nu ngajujut sajarah Sunda, kawasna teu
> > acan aya tandingna dugi ka danget ieu mah. Almarhum
> > Kang Edi S Ekadjati ge kantos nyebatkeun, dina
> > urusan
> > fiksi sajarah Sunda mah teu aya deui salian ti Kang
> > Yoseph Iskandar. Novelna antawisna wae Tarusbawa,
> > Tanjeur di Buana, Wastukancana, sareng seueur deui.
> >
> > Kenging wartos Kang Yoseph pupus teh Rebo 26 Maret
> > kinten jam 11-an, nalika nganteur pun anak anu kadua
> > lalandong di RS Islam di By Pass. Kang Dudi Santosa,
> > pamingpin umum Sunda Midang sareng Kang Rahmat
> > Taufik,
> > Direktur Penerbit Kiblat anu nga-sms teh. saurna
> > dibukrebkeun tabuh satuan. Ari ngantunkeunana mah
> > Rebo
> > wengi jam 1.
> >
> > Teu kinten ngajenghokna kenging wartos Kang Yoseph
> > pupus teh. Handeueul kabina-bina. Eta pedah tos
> > terang
> > teu damangna tur niat bade ngalalayad, ngan ku teu
> > weleh aya halangan. Kantos ngajak Hawe Setiawan,
> > Kang
> > Abdullah Mustappa, sareng Hadi AKS, duka ku naon bet
> > teu janten wae. Waktos ngajak Kang Abdullah sareng
> > Hadi AKS, kantos bade sajungjungeun, ngan dak
> > dumadakan aya halangan deui wae, dugi ka bedona.
> >
> > Sawangsulna ti RS Al Islam, teras wae ngabujeng ka
> > bumina di Negalasari, Ujungberung, seja ngiring ka
> > makam. Teu ku hanteu, ari dugi ka bumina, saur
> > tetehna
> > (istri Kang Yoseph), cenahy parantos dikurebkeun
> > tabuh
> > 11. Atuh hanjelu deui bae. Eta tuda teu enggal2 ka
> > bumina teh nuju aya karerepet deuih, ngabantun pun
> > anak lalandong ka RS Al Islam, janten teu tiasa
> > gura-giru. Katurug-turug dina sms Kang Rahmat tabuh
> > 1
> > cenah dikurebkeunana.
> >
> > Di bumina Kang Yoseph teh mung pendak sareng tetehna
> > wae. Teu lami jol Kang Ofik (Taufik Faturohman,
> > direktur penerbit Geger Sunten). Luak lieuk sugan
> > aya
> > pangarang Sunda atanapi seniman, berekah teu pendak.
> > Rupina ti enjing-enjing batur mah. Sim kuring wae nu
> > kaporotan.
> >
> > Rumaos henteu ngawartosan kana milis Kusnet, da
> > harita
> > teh nuju cuti ti dinten Minggu keneh, 23 Maret dugi
> > ka
> > jumaah 28 Maret, jalaran pun anak nombor tea. Ari
> > muka
> > milis seseringna nebeng di kantor. Sareng angkanan
> > teh
> > pasti tos aruningaeun. Siga waktos RAF pupus ge
> > geuning tos aruningaeun.
> >
> > Mung waktos Jumaah sonten muka milis, rupina wae
> > urang
> > babakan Kusnet teu acan aya nu uninga atanapi aya nu
> > uninga mung teu acan kabujeng ngiberan dina milis.
> > Nu
> > mawi ieu mah etang-etang ngawartosan iber basi wae,
> > reh dulur urang, Kang Yoseph Iskandar paranos
> > ngantunkeun urang sadaya. Mugia iman Islam sareng
> > amal
> > solehna ditampi ku Allah SWT. Dicaangkeun alam
> > kuburna. Amiiin.
> >
> > Cecep Burdansyah
> >
> >
> >
> >
> __________________________________________________________
> > Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
> > http://www.yahoo.com/r/hs
> >
>
> __________________________________________________________
> Be a better friend, newshound, and
> know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
> http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ
>  
>



-- 
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke