Innalillahi wainnaillaihi raji'un...Mugia Kang Yoseph ditampi sagala amal salehna, dihapunten dosana, dicaangkeun kuburna. Mugi2 karya2na tiasa mangpaat kanggo kamaslahatan masyarakat, atanapi janten inspirasi kanggo barudak ngora urang Sunda. Mugia kulawargi, istri sareng para putrana sing dipasihan sabar. Sim kuring teu kenal sacara pribadi namung sok maca karya-karyana anu bahasana lugas tur jentre. Sakali deui sim kuring ngiring bela sungkawa ka kulawargina.
-- In [email protected], ncep tribun <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Kang Yoseph Iskandar Ngantunkeun Rebo 26 Maret > > > Dina fiksi sajarah Sunda mah Kang Yoseph Iskandar teh > tiasa disebatkeun mandahongnna. Anjeunna miguruna ka > Kang Saleh Danasasmita, sajarawan Sunda. Atuh > novel-novelna nu ngajujut sajarah Sunda, kawasna teu > acan aya tandingna dugi ka danget ieu mah. Almarhum > Kang Edi S Ekadjati ge kantos nyebatkeun, dina urusan > fiksi sajarah Sunda mah teu aya deui salian ti Kang > Yoseph Iskandar. Novelna antawisna wae Tarusbawa, > Tanjeur di Buana, Wastukancana, sareng seueur deui. > > Kenging wartos Kang Yoseph pupus teh Rebo 26 Maret > kinten jam 11-an, nalika nganteur pun anak anu kadua > lalandong di RS Islam di By Pass. Kang Dudi Santosa, > pamingpin umum Sunda Midang sareng Kang Rahmat Taufik, > Direktur Penerbit Kiblat anu nga-sms teh. saurna > dibukrebkeun tabuh satuan. Ari ngantunkeunana mah Rebo > wengi jam 1. > > Teu kinten ngajenghokna kenging wartos Kang Yoseph > pupus teh. Handeueul kabina-bina. Eta pedah tos terang > teu damangna tur niat bade ngalalayad, ngan ku teu > weleh aya halangan. Kantos ngajak Hawe Setiawan, Kang > Abdullah Mustappa, sareng Hadi AKS, duka ku naon bet > teu janten wae. Waktos ngajak Kang Abdullah sareng > Hadi AKS, kantos bade sajungjungeun, ngan dak > dumadakan aya halangan deui wae, dugi ka bedona. > > Sawangsulna ti RS Al Islam, teras wae ngabujeng ka > bumina di Negalasari, Ujungberung, seja ngiring ka > makam. Teu ku hanteu, ari dugi ka bumina, saur tetehna > (istri Kang Yoseph), cenahy parantos dikurebkeun tabuh > 11. Atuh hanjelu deui bae. Eta tuda teu enggal2 ka > bumina teh nuju aya karerepet deuih, ngabantun pun > anak lalandong ka RS Al Islam, janten teu tiasa > gura-giru. Katurug-turug dina sms Kang Rahmat tabuh 1 > cenah dikurebkeunana. > > Di bumina Kang Yoseph teh mung pendak sareng tetehna > wae. Teu lami jol Kang Ofik (Taufik Faturohman, > direktur penerbit Geger Sunten). Luak lieuk sugan aya > pangarang Sunda atanapi seniman, berekah teu pendak. > Rupina ti enjing-enjing batur mah. Sim kuring wae nu > kaporotan. > > Rumaos henteu ngawartosan kana milis Kusnet, da harita > teh nuju cuti ti dinten Minggu keneh, 23 Maret dugi ka > jumaah 28 Maret, jalaran pun anak nombor tea. Ari muka > milis seseringna nebeng di kantor. Sareng angkanan teh > pasti tos aruningaeun. Siga waktos RAF pupus ge > geuning tos aruningaeun. > > Mung waktos Jumaah sonten muka milis, rupina wae urang > babakan Kusnet teu acan aya nu uninga atanapi aya nu > uninga mung teu acan kabujeng ngiberan dina milis. Nu > mawi ieu mah etang-etang ngawartosan iber basi wae, > reh dulur urang, Kang Yoseph Iskandar paranos > ngantunkeun urang sadaya. Mugia iman Islam sareng amal > solehna ditampi ku Allah SWT. Dicaangkeun alam > kuburna. Amiiin. > > Cecep Burdansyah > > > ______________________________________________________________________ ______________ > Never miss a thing. Make Yahoo your home page. > http://www.yahoo.com/r/hs >

