kang .. sim kuring bade tumaros .. upami tos mendakan nu kitu kumaha kang .. ?? 
emang sok ngegel kitu kang .. ?? punten ah da sim kuring mah masih bloon .. 
hehhe 

firman 


  ----- Original Message ----- 
  From: joko tingkir 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, April 01, 2008 2:57 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] "Ngirab" Jimat di Sumedang


  Leres Bah, kapercayaan kapungkur mah kitu, tapi duka
  ayeuna mah; maih aya keneh atanapai henteu.
  Ceuk beja kapungkur, dina ngabedakeun jalma kajajaden
  atawa asli teh nyaeta kudu ningali eta jalma teh aya
  untapan atawa henteu. Mun teu aya untapan dipastikeun
  kajajaden (UNTAP teh di lembur kuring mah nyaeta
  bagian tina raray handapeun irung anu rada cekung ka
  handap, kenca katuhueunna sok kumisan)

  Baktos
  JT

  --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  > Wah resep Bah Surtiwa tas jarah ti Cirebon. Kuring
  > mah acan 
  > kalaksanakeun wae nempo Muludan di Cirebon teh.
  > Padahal mah ti bubudak 
  > hayang nempo teh, da urang lembur kuring mah
  > kapungkur "orientasi"na 
  > ka Cirebon sanes ka Bandung. Cenah keur jaman
  > baheula mah, keur hese 
  > mobil, lamun muludan di Cirebon teh laleumpang tepi
  > ka Kadipaten. Ti 
  > Kadipaten ngilu tumpak kareta api tiwu. Ari waktu
  > kuring keur budak 
  > mah, di jalan raya teh sok rame pisan ku kendaraan
  > nu nuju ka Cirebon.
  > 
  > Tapi aya we nu "usil", pajarkeun teh nu sering ka
  > cirebon waktu 
  > muludan, aya maksud, arek neukteuk buntut kulantaran
  > munjung ka 
  > monyet ...hehehe.
  > 
  > Aya kapercayaan di lembur kuring lamun bulan Mulud :
  > Teu meunang 
  > moro!. Ari sababna bisi papanggih jeung Maung
  > Kajajaden, baladna Prabu 
  > siliwangi ti leuweung sancang, nu di bulan Mulud
  > ngilu ngabring ka 
  > Cirebon, nyekar ka makam Sunan Gunung Jati.
  > 
  > Maung Kajajaden oge sok nyamar jadi nini-nini.
  > Gambaran Nini Kajajaden 
  > teh cenah jangkung, teu aya lipetan diantara irung
  > jeung biwir luhurna 
  > (rata) jeung lamun dibere dahareun tara make
  > leungeun, langsung make 
  > sungutna. Keur budak, lamun papanggih jeung
  > nini-nini nu teu wawuh, 
  > heug dibulan mulud. Kuring sok undur-unduran, bari
  > nyilidik aya 
  > lipetan henteu antara irung jeung biwir luhurna
  > .....
  > 
  > Baktos,
  > WALUYA
  > 
  > 
  > --- In [email protected], "H Surtiwa"
  > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  > >
  > > Anu jelas mah dina danget anu kieu ekonomi rakyat
  > naek kumargi aya 
  > > tourist lokal anu sararumping...Di Cirebon eta
  > ujug2 pasar batik 
  > > Trusmi kabanjiran mobil2 leter B...tapi da leres
  > seueur anu 
  > > mirah..aya kameja batik Cirebonan
  > > ngan ukur Rp 20 rb an...Anu awis oge seueur...Eta
  > bangsan Empal 
  > > gentong
  > 
  > 
  > 
  > ------------------------------------
  > 
  > Komunitas Urang Sunda -->
  > http://www.Urang-Sunda.or.id
  > Yahoo! Groups Links
  > 
  > 
  > 
  > 
  > 

  __________________________________________________________
  Special deal for Yahoo! users & friends - No Cost. Get a month of Blockbuster 
Total Access now 
  http://tc.deals.yahoo.com/tc/blockbuster/text3.com


   


------------------------------------------------------------------------------


  No virus found in this incoming message.
  Checked by AVG. 
  Version: 7.5.519 / Virus Database: 269.22.2/1353 - Release Date: 3/31/2008 
6:21 PM

Kirim email ke