maung kajajaden nu teu boga untap di lembur kuring mah disebutna teh
adenaden (tina kajajaden meureun nya?). cenah mah sok ngarupakeun nininini
ngengelek boboko. keur leutik mah sok remen ngawenehan dina ceuli (dina mata
mah acan), ngan beuki tambah umur si adenaden geus jarang kadenge... geus
maot sugan.

sejen deui carita ngeunaan maung ti lembur kuring. keur leutik geus jadi
kacapangan, lamun aya hujan poyan kudu geuwat nyieun susumping. biasana mah
ukur geuwat ngarawel dadaunan terus selapkeun di antara ceuli jeung sirah.
lamun henteu kitu cenah engke peuting bakal di longok ku maung.

nyambung perkara hujan poyan, geus jadi kapercayaan kuring leutik, cenah
hujan poyan teh totonden aya nu maot..... ayeuna mah kapikiran lamun heueuh
kitu ungal usik meureun hujan poyan heuheu kabayang upama hujan poyanna
ngagebret :))-- eh aya teu nya hujan poyan ngagebret?

geus ah cekap!
d
On Thu, Apr 3, 2008 at 7:12 AM, joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Nuhun neng IPUP, tah eta leres ruruncang; da di daerah
> kuring mah disebutna untap, he he he.
>
> Baktos
> JT
>
>
> --- Bagjabinekas <[EMAIL PROTECTED] <pupiw%40urangsunda.net>> wrote:
>
> > untap = ruruncang
> >
> >
> ,___
>



-- 
d-:
~karék cénah~

Kirim email ke