Can aya nu kabejakeun aya nu dikerekeb ku maung
kajajaden. Saur sepuh kapungkur, si maungna sok
langsung lumpat, ngaleungit di leuweung. Biasana sok
ngarupakeun manusa, terus milu naek ka mobil. Salila
dijero mobil cenah sok tungkul bae da teu aya untapan
tea. Terus menta turun di deuket leuweung, sanggeus ka
luar, salin rupa jadi maung deui lumpat ka leuweung.
Tah ieu beja teh duka bener henteuna, da kuring oge
can pernah manggihan, ukur meunang beja carita ti
sepuh. Kitu manawi.

Baktos
JT


--- firman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> kang .. sim kuring bade tumaros .. upami tos
> mendakan nu kitu kumaha kang .. ?? emang sok ngegel
> kitu kang .. ?? punten ah da sim kuring mah masih
> bloon .. hehhe 
> 
> firman 
> 
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: joko tingkir 
>   To: [email protected] 
>   Sent: Tuesday, April 01, 2008 2:57 PM
>   Subject: Re: [Urang Sunda] "Ngirab" Jimat di
> Sumedang
> 
> 
>   Leres Bah, kapercayaan kapungkur mah kitu, tapi
> duka
>   ayeuna mah; maih aya keneh atanapai henteu.
>   Ceuk beja kapungkur, dina ngabedakeun jalma
> kajajaden
>   atawa asli teh nyaeta kudu ningali eta jalma teh
> aya
>   untapan atawa henteu. Mun teu aya untapan
> dipastikeun
>   kajajaden (UNTAP teh di lembur kuring mah nyaeta
>   bagian tina raray handapeun irung anu rada cekung
> ka
>   handap, kenca katuhueunna sok kumisan)
> 
>   Baktos
>   JT
> 


      
____________________________________________________________________________________
You rock. That's why Blockbuster's offering you one month of Blockbuster Total 
Access, No Cost.  
http://tc.deals.yahoo.com/tc/blockbuster/text5.com

Kirim email ke