Juheb geus opat kali lalajo pilem ayat ayat cinta. Teuing naon maksudna da unggal lalajo teu weleh ngajak pamajikanana. Anehna unggal tas lalajo juheb teu weleh nginghak ceurik. Ningali kalakuan Juheb jiga kitu, baturna nu katelah Juha heraneun pok nanya. "Heb ari silaing bet kawas danten wae, lalajo pilem nepika ceurik?" "Sedih jeung ngahelas atuh da!" jawabna bari luwa lewe. "Matak kitu ge jalan carita pikasediheun nya?" Juha nyoba2 nebak kawantu manehna mah can sakali kali acan lalajo pilem eta. "Lain euy! Tapi matak ceurik ge saban tas lalajo ngagenjleh ka pamajikan menta nyandung, pamajikan kalahka molotot!" sr
----- Original Message ----- From: Maman Gantra To: [email protected] ; [EMAIL PROTECTED] Sent: Wednesday, April 02, 2008 1:45 PM Subject: [Urang Sunda] Ayat-ayat Cinta . Ayat-ayat Cinta : Jihad Hanung jeung Kang Abik? 10 atawa 11 taun ka tukang, dina hiji mikrolet, kuring manggih sacewir kertas. Sigana mah tina koran atawa tabloid. Teuing koran naon atawa tabloid naon, ngan, ningali tipografina, lain koran atawa tabloid nu populer. Pangangguran, bari ngabangbrangkeun mobil nu ngarayap ti Mayestik ka Velbaak, eta sesewiran koran urut bungkus teh dibaca. Judulna, oge bagean awal eta tulisan geus euweuh, kari bagean tengah jeung tungtungna. Tetela eusina hiji tulisan ngeunaan kaayaan dunya film urang harita. Cop pisan jeung lelembutan kuring: Indonesia lain bae mikabutuh film-film kawas nu dijieun Garin, "film seni" tea, tapi oge film-film ala Hollywood. Gambarna aralus, jalan caritana gampang kaharti ku balarea - bari, tangtuna, teu "kampungan" atawa teu nyapirakeun kapinteran nu lalajo.Recent Activity a.. 14New Members b.. 1New Files Visit Your Group New business? Get new customers. List your web site in Yahoo! Search. Cat Fanatics on Yahoo! Groups Find people who are crazy about cats. Y! Messenger All together now Host a free online conference on IM. .

