Enya kitu. USGK atau USF sawareh nganaha-naha ka Linggabuana nu nganteurkeun
ceu Diah ka wetan. Malah asana aya dina puisi, he love karangan saha. Godi
kitu. Naha ngarempag adat? Lalaki nu kudu datang, jst. Enya reueusna dina
sikap satria. Kajeun paeh tibatan leungit kahormatan. Sikep hese meureun
ayeuna mah.

 

Hikmah versi sejen, ku kajadian eta, sunda kawentar kamana-mana. jadi
headline dina koran dina tv mun ayeuna mah. Nepi ka bule nu munggaran datang
ka urang, nu keur nyieun kar/peta tea, mere ngaran pulo2 di urang, ku Sunda
Besar jeung Sunda Kecil. Sabab harita dimana-mana Sunda keur jadi sabiwir
hiji. Eta persi dumasar adat bule nu baheula lalayaran ka mana mendi bari
jeung ngagambar pulo nu kapanggih. 

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of brad porenges
Sent: Monday, April 07, 2008 4:36 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] oleh2 ti preanger (2)

 



Muhun atuh, da HBX mah apal pastina oge Sundaland (keukeuh!) teh waktu jaman
es luyer....sabagean ka keueum sabagean deui jadi pulo nu jadi sabagian gede
Indonesia ayeuna. 

Nu ku kuring sok kadenge tepi ka ayeuna...kakaren bubat teh urang wetan boga
pamadegan yen awewe sunda mah "materialistik".Jadi teu meunang dikawin. Mun
numutkeun sajarah Ciamis atawa Cianjur...teuing Sukapura, poho deui?!
Sabenerna cenah landian eta teh asalna ti urang Galuh keneh nu teu mikeun
Ratna Citraresmi (Diah Pitaloka) jeung bapana miang ka karaton Majapahit
nedunan pamenta Hayam Wuruk. Ku sabab teu bisa megatan kaputusan raja nu
ngalanggar adat ieu....jadi we urang Galuh kukulutruk sorangan. Nu katoong
ngocoblakna nganaha-naha teh bari tetep we hatena mah gudawang peurih
alahbatan disiksik dikunyit-kunyit! 

Nu katoong ayeuna tina kajadian bubat eta keur kuring mah
salahsahijina...reueus(tapi teu agul da moal bisa nurutan) boga karuhun nu
pamadeganana hebring siga kitu, wani bela pati keur kaharmotan nagara jeung
bangsa! 



  _____  

You rock. That's why Blockbuster's offering you one
<http://us.rd.yahoo.com/evt=47523/*http:/tc.deals.yahoo.com/tc/blockbuster/t
ext5.com>  month of Blockbuster Total Access, No Cost.  

Kirim email ke