Muhun atuh, da HBX mah apal pastina oge Sundaland (keukeuh!) teh waktu jaman es 
luyer....sabagean ka keueum sabagean deui jadi pulo nu jadi sabagian gede 
Indonesia ayeuna. 

Nu ku kuring sok kadenge tepi ka ayeuna...kakaren bubat teh urang wetan boga 
pamadegan yen awewe sunda mah "materialistik".Jadi teu meunang dikawin. Mun 
numutkeun sajarah Ciamis atawa Cianjur...teuing Sukapura, poho deui?! Sabenerna 
cenah landian eta teh asalna ti urang Galuh keneh nu teu mikeun Ratna 
Citraresmi (Diah Pitaloka) jeung bapana miang ka karaton Majapahit nedunan 
pamenta Hayam Wuruk. Ku sabab teu bisa megatan kaputusan raja nu ngalanggar 
adat ieu....jadi we urang Galuh kukulutruk sorangan. Nu katoong ngocoblakna 
nganaha-naha teh bari tetep we hatena mah gudawang peurih alahbatan disiksik 
dikunyit-kunyit! 

Nu katoong ayeuna tina kajadian bubat eta keur kuring mah 
salahsahijina...reueus(tapi teu agul da moal bisa nurutan) boga karuhun nu 
pamadeganana hebring siga kitu, wani bela pati keur kaharmotan nagara jeung 
bangsa! 


Aya USGK nu harita nanya ngan teu dijawab da heuras teuing. Dangdananana, model 
baduy tapi lain urang kanekes. Hehe. Salah sahiji kalimah nu ditepikeunana, 
eta, pariksa cenah duit memeh jaman di potong.kungsi manggih memang, mun urang 
mulak malik kecap Indonesia, bisa jadi kecap “Ieu Soenda”   tah, pariksaeun 
naha bisa kitu nya.

Pernah Uwa Sas, nu ngabulak-balik jeung posting kecap Indonesia jadi Ini Soenda 
di ieu babakan teh. 


siporenges

       
---------------------------------
You rock. That's why Blockbuster's offering you one month of Blockbuster Total 
Access, No Cost.

Kirim email ke