Minta pitulung teh tangtu aya tingkatanana kang. Aya nu sipatna praktis, aya nu sipatna semi praktis, jeung nu filosofis atawa beh luhurna, tauhid.
siga si kuring unggal poe minta tulung ka supir angkot nganteurkeun ka pangulinan. Sigana kitu oge manusa ka jin. Lain dina konteks nyembah, berhala, nu kitu nu musrik. Ngingu jin mah meureun dina harti ngingu mah nya siga urang boga ingu-inguan, manuk, ucing,jsb. Teu lumpat ka musrik. Meureun. Sadaya oge ngan ukur meureun, cek beja, cek buku. Prinsip si kuring mah, elmuning pangeran mah teu aya watesan. Sagala kamungkinan bisa, sabab elmu pangeran mah teu aya watesna. Nu aya watesan mah pamanggih jeung kanyaho urang. _____ From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Dadi Kurniadi Sent: Friday, April 18, 2008 4:47 PM To: [email protected] Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] ras clok Alhamdulillah geuning masih keneh aya urang sunda nu masih boga pemahaman nu kieu. Dina aya na oge, hal ieu bisa disababkeun aya nu mawa. nyaeta Jin. Sarua dina hal jelema teu teurak ku bedog atawa senjata sejen na. Bisa wae manehna teu teurak sabab ditulungan ku Jin, atawa menta pitulung ka jin. Putra ua kuring di Bantarujeg (ayeuna tos maot), oge seueur ngukut jin, nyakitu indit ka banten ge ukur sapeuting jalan kaki. teuing enya teuing bohong da teu nuturkeun. Nyuguhan cai ku jin, bahkan solat ditarikeun sanajan sorangan oge sabab keur ngimaman jin. Cenah Perlu ditegeskeun, menta pitulung salian ka Allah hukumna haram sabab geus dilevelkeun ka "Syirik" Leres pisan kang wawan, sahabat oge nu sakitu luhur elmu kaislaman na teu aya saurang oge nu boga ajian ras clok.

