Aya babaturan bieu ngobrol soal ahmadiyah. Mun bisa mah cenah dihiap, diarajak ka mainstream islam da cenah masih keneh aya dina teras islam. Ulah dikasaran, nepi ka dibaledogan sagala siga sato pikaijideun, imahna dirusak, jsb. Da sarua manusa, boga anak, boga kulawarga. Enya, si kuring nempo na tv, duh Gusti Nu Agung, karunya teuing batur. Naha enya, demi Anjeun, manusa silih siksa, silih paehan. Dikasaran mah, boroning manusa, sato oge malik ngegel. Tungtungna rusak dunya.
Ahmadiyah memang lain ormas atawa sekte nu pituin -lahir di- indonesia cara NU jeung Muhammadiyah, Persis, jsb, tapi global. Markasna cenah di London. Kusabab kitu, bisa jadi salah sahiji solusi, sina imigrasi, ari teu bisa gabung ka islam mainstream mah. Tapi da Islam teh agama kasih sayang. Ngaran Islam teh hartina salam, salamet, pasrah sumerah ka Pangeran. Ulah jadi jalan pikeun ceuceub ka batur bari terus diturut sakadang ambek teh. Ajak ku dai make cara hade jeung jalan aman pikeun sarerea. Heuheu. Urang teh sakapeung, teu pernah bisa ngised ti adat primitif. Deudeuh teuing nasib manusa. _____ From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Wawan Setiawan Sent: Sunday, April 20, 2008 9:49 AM To: [email protected] Subject: Bls: [Urang Sunda] ras clok Gentos topik, Bilih para warga bage ngirim maca, mangga nyanggaekun dihandap ieu. ws

