Punten ah ngiring mairan...

Pami ditilik tina dongeng (atawa sejarah..?) yen karuhun urang utamana 
kiayi-kiayi boga elmu ras clok, keur kuring mah malah jadi pertanyaan naha elmu 
ieu teh bener-bener aya atawa ngan saukur cenah ceuk beja..sabab lamun urang 
nilik sajarah Rasul jeung sahabat-sahabatna asa teu manggihan elmu nu model 
kitu kacaritakeun, padahal kan elmu agamana  teh sakitu luhurna (lamun elmu ras 
clok dikaitkeun kana elmu agama sabab cenah mah elmu ras clok teh bisa ditaekan 
lamun elmu agamana geus luhur). 

Sakitu heula we, sugan aya nu mere bongbolongan...

Haturan

----- Pesan Asli ----
Dari: firman raharja <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Jumat, 18 April, 2008 09:52:29
Topik: Re: [Urang Sunda] ras clok


Ana kitu mah geuningan pilem "JUMPER" teh atuh ngomongkeun karuhun urang nya ?!




mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
Upama enya elmu teh diagem ku para karuhun. Tetela geuning karuhun
urang teh 'individualis' pisan. Kaciri dina mangsa manehna
indit-inditan, jiga teu hayang ngajak dulr komo batur mah, cukup ku
manehna we ngagandeuang indit nyupiran sorangan. Jigana 'balageur'
keneh karuhun urang kulon, manehna mah upama indit-inditan teh, tara
poho ngajak batur, jeung lain saeutik deuih batur nyabana teh, nepi ka
bisa sakampung dikerid dibawa hiber.

salam,
mh

On Thu, Apr 17, 2008 at 7:11 PM, mj <[EMAIL PROTECTED] ac.id> wrote:
>
> Aya nu kaliwat ti seminar di unpas dua minggu katukang teh. Carita nu
> ditepikeun ku prof. nina herlina lubis. Nyaeta metafact. Atawa fakta
> metafisika. Cenah raja2 sunda baheula oge inohong agama atawa kyai, baroga
> elmu ras clok. Ras, inget, diimpleng, clok nya nepi ka tempat nu diimpleng.
>
> ulama2 baheula, sanajan padumukan di tatar sunda, di pamijahan tasik
> misalna, ari jumaahan teh cenah sok di mekkah! Beres jumaahan nya aya deui
> di lembur! Kitu deui sultan cirebon. Cenah di guha sunyaragi aya tempat
> siga di guha pamijahan. Dinding dekok nu make plang mekkah. Sigaan eta
> pikeun nangtukeun koordinat indit jeung balik, mun ceuk startrek mah. Hebat!
>
> Mun teu salah mah, tokoh nu beh dieu boga elmu kitu teh PHH Mustapa, sarua
> cenah PHHM oge ari jumaahan teh sok di mekkah.



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com 
 


      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke