Istighfar kang...bisi aya kecap nu salah...

Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
              Janten abdi menta tulung ka cleaning service meresihan WC di 
kantor ge kufur kitu? Menta tulung ka makhluk dina hal nu pantes ditulungan ku 
makhluk. Piraku menta tulung digandong ka peuntaseun jalan kedah ka Alloh 
wungkul oge? Eta kitu pedah jin ge goib, jadi menta tulung ka jin siga menta 
tulung ka Alloh da sami-sami goib. Padahal goibna jin jeung Goibna Pangeran 
pasti teu sami. Sagoib-goibna jin tempatna masih kaudag ku sebagian jelema nu 
mampu. Sedengkeun moal aya jelema nu mampu ngahontal ka alam kagoiban Pangeran. 
Tangtu wae urang ulah menta tulung ka jin nu ngan pantes disuhunkeun ka 
Pangeran. Cara jeung ungkapan pamentana ge tangtu kudu beda. Ka jin mah meureun 
kieu: "Paman (jin) Astahiam, cing panggandongkeun kuring ka Mekah, hayang 
shalat juma'ahan di ditu ngan teu boga tiket pesawat terbang jeung teu bisa 
ngapung sorangan". Ari ka Gusti Alloh mah: "Nun Gusti, leahkeun hate si 
Astahiam, jin makhluk Anjeun, ngarah abdi digandong ka Mekah". Asana teu
 matak ngaganggu tauhid lamun urang bisa gaul jeung jin bari bisa merenahkeun 
akidah jeung sikep urang ka ma(ra)nehna. Punten Kang, sanajan kitu kuring ge 
teu bisa ari gaul jeung jin mah, ngan teu gampang goreng sangka ka nu bisa gaul 
jeung maranehna. Wallohua'lam!
   
  AD
  

  ----- Original Message ----
From: "Heryadi, Eddy" <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, April 22, 2008 8:52:47
Subject: RE: Bls: [Urang Sunda] ras clok

      Ngiringan ah...
  Nya ri teu menta tulung, terus ditulungan mah teu nanaon....
  Tapi ari urangna anu ngahaja menta tulung mah masing ka jin muslim mah sami 
we sareng kufur kang, da menta tulung mah ngan ukur ka Allah.
    -----Original Message-----
From: [EMAIL PROTECTED] ups.com [mailto:urangsunda@ yahoogroups. com]On Behalf 
Of Ahmad Dimyati
Sent: Tuesday, April 22, 2008 7:11 AM
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] ras clok


        Ari kitu mah, asumsi kang Dadi sadaya jin teh jahat jeung kafir kitu? 
Kumaha mun urang gaul jeung menta tulung ka jin muslim? Marabanana teu kedah ku 
ngajual akidah, teu kedah susuguh atawa sasajen tapi ku rajin ibadah ka Alloh 
jeung nebihan ma'siat. Jin muslim jadi resep ngagembrong ka urang, teu menta 
tulung ge ditulungan, teu menta dibantuan ge pasti dibantuan. "Kamampuan" siga 
David Coverfield, ge tiasa jeung biasa, teu aneh mungguhing kaKawasaan Gusti 
Alloh mah. 
   
  AD


    ----- Original Message ----
From: Dadi Kurniadi <dadikurniadi@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Monday, April 21, 2008 14:14:26
Subject: RE: Bls: [Urang Sunda] ras clok

      Sagala kamungkinan bisa, sabab elmu pangeran mah teu aya watesna. Nu aya 
watesan mah pamanggih jeung kanyaho urang.
  Satuju...memang kudu kitu kayakinan mah.
  Perkara ingu2an mahluk nu katingali, jeung ngingu mahluk nu teu katingali 
(saperti jin), beda kang!
  Ngingu sato mah parabna cukup ku parab biasa nu bisa didahar.
  Ari ngingu Jin naon parabna? parab na teh aqidah urang!
  Geuning waktu akad rek ngingu na ge aya syarat sagala (cenah), misalkeun tiap 
malem jumat kliwon kedah nyuguh, tiap mulud kedah aya wadal jeung sajabana. 
  Tug cenah sababaraha Jin mah, teu meunang sholat jeung nyebut asma Allah. 
(contona nu munjung).
  Perkara ayana makhluk ghaib, memang kedah percaya.
  Akang, pernah nonton pertunjukan david coverfield? eta contona elmu ras jleg, 
(jadi lain nu iman na kuat nu boga ajian ras jleg) tapi jelema nu muntang ka 
jin sabenerna mah. 
  Waktu pertunjukan, David bisa datang ka hiji pulau nu dikamera secara online. 
David bisa asup na TV secara online di tempat nu jauh kacida.
  Wallahu alam.... 





  .
 
  IMPORTANT NOTICE: 
The information in this email (and any attachments) is confidential. If you are 
not the intended recipient, you must not use or disseminate the information. If 
you have received this email in error, please immediately notify me by "Reply" 
command and permanently delete the original and any copies or printouts 
thereof. Although this email and any attachments are believed to be free of any 
virus or other defect that might affect any computer system into which it is 
received and opened, it is the responsibility of the recipient to ensure that 
it is virus free and no responsibility is accepted by American International 
Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either jointly or severally, for 
any loss or damage arising in any way from its use.







Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com   

                           

       
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.

Kirim email ke