waduh upama di sbr diwajibkeun kumaha pan kuring mah moal sumping ka hbh-na ge? :) oh enya fyi we ieu mah, minggu kamari di dinya sikuring tepung jeung kang badru jeung ceu herni. aya deui nu dongkap teu nya?
On Wed, Apr 23, 2008 at 4:18 PM, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Etang-etang ngalalanyahan, asana teh, kantos aya anu > ngusulkeun HBH di Kampung Adat Sindangbarang Bogor. > Jigana ieu hiji alternatif sae kanggo > dipadungdengkeun. > Tadi kuring ngobrol sareng dosen/mahasiswa anu > ngokolakeun SIMPAY di FIB, ngadukung pisan upami HBH > di Sindangbarang. Malihan mah kang Agus Aris Munandar, > kersa janten "guide" mapay-mapay patilasan Karuhun > Pakuan Pajajaran di situs Sindang Barang. Kang Agus > oge bade "meredih" ka Pa Makki, sangkan masihan diskon > khusus kanggo pamondokan wargi anu bade ngiringan HBH. > Atuh Kang Mumu ti SIMPAY, bade meredih ka Ambu > Richadiana, ngadadarkeun adat budaya urang KANEKES, > sareng meredih ka Don Hasman, supados "mamerkeun" > hasil jepretan kaayaan di KANEKES. > Ancer-ancer waktosna, dinten saptu-minggu sabada > lebaran (upami disaluyuan) > > Mangga ditambihan, bilih aya usulan sanesna. Upami > Kang Hendra Saparakanca mah, hukumna "wajib" > nyukseskeun acara ieu. > > baktos, > > mrachmat uidipura > -- d-: ~karék cénah~

