Ieu mah tambi nganggur wae lah!
supados aya "gambaran" anu tiasa janten cecepengan,
asana tiasa ngangge "prakiraan". Sapertos pangalaman
taun-taun kapengker, aya sabaraha jalmi anu ngahadiran
HBH, antawis anu pangramena sareng pangsepina. Ti
dieu tiasa diperhetangkeun, kinten-kintenna sabaraha
jalmi anu bade mondok, saha anu sumpingna dina dinten
minggu. Prakiraan ieu kanggo ngetang sabaraha pondokan
anu diperyogikeun sareng konsumsina kumaha.
Kadua, perkawis acara. Sigana acara ieu heunteu
tergantung kana seueurna anu bade dongkap. Tiasa
ditangtoskeun tipayun, mana acara pokok, mana acara
sampingan, saha anu tanggel walerna. Pami aya
waragadna sabaraha seueur, tiasa didiskon atanapi
heunteu.
katilu, konsumsi naon wae anu kedah disayogikeun. Naha
ku panicia, atanapi ku pihak pengelola kampung adat.
Ceuk cenah mah katuangan anu disayogikeun ku pengelola
kampung adat "okeh punya" sareng menuna "nyunda"
deuih. Upami aya sukarelawan anu bade nyumbang
katuangan langkung sae. Biasana kuring sok didaulat ku
batur saasrama, ngadamel "nasi goreng kambing"
(kenging guguru ti tukang sate di lampu merah Pasar
Paseban) atanapi ngolek cau tanduk (guguru ti tukang
masak salah sahiji hotel di Puncak).
kaopat, sareng sajabi ti eta.
baktos,
mrachmat uidipura.
--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> perkawis lengkepna mah panginten tiasa ngke bae pami
> tos rada caket ka
> prungna acara, ku panitia tiasa diuruskeun. Malihan
> pan wangun acara ge teu
> acan aya rarancang2na acan. Sasasih dua sasih ieu
> mah masih aya keneh waktos
> kanggo nguruskeun kapanitiaan, sabari ngantosan susu
> ganan aya panambih
> usulan2 ti para wargi sadaya...
>
> sikandar
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ