sae atuh.....yuk urang kumpul heula panata acarana

On Tue, Apr 29, 2008 at 3:59 PM, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

>
> Ieu mah tambi nganggur wae lah!
>
> supados aya "gambaran" anu tiasa janten cecepengan,
> asana tiasa ngangge "prakiraan". Sapertos pangalaman
> taun-taun kapengker, aya sabaraha jalmi anu ngahadiran
> HBH, antawis anu pangramena sareng pangsepina. Ti
> dieu tiasa diperhetangkeun, kinten-kintenna sabaraha
> jalmi anu bade mondok, saha anu sumpingna dina dinten
> minggu. Prakiraan ieu kanggo ngetang sabaraha pondokan
> anu diperyogikeun sareng konsumsina kumaha.
>
> Kadua, perkawis acara. Sigana acara ieu heunteu
> tergantung kana seueurna anu bade dongkap. Tiasa
> ditangtoskeun tipayun, mana acara pokok, mana acara
> sampingan, saha anu tanggel walerna. Pami aya
> waragadna sabaraha seueur, tiasa didiskon atanapi
> heunteu.
>
> katilu, konsumsi naon wae anu kedah disayogikeun. Naha
> ku panicia, atanapi ku pihak pengelola kampung adat.
> Ceuk cenah mah katuangan anu disayogikeun ku pengelola
> kampung adat "okeh punya" sareng menuna "nyunda"
> deuih. Upami aya sukarelawan anu bade nyumbang
> katuangan langkung sae. Biasana kuring sok didaulat ku
> batur saasrama, ngadamel "nasi goreng kambing"
> (kenging guguru ti tukang sate di lampu merah Pasar
> Paseban) atanapi ngolek cau tanduk (guguru ti tukang
> masak salah sahiji hotel di Puncak).
>
> kaopat, sareng sajabi ti eta.
>
> baktos,
>
> mrachmat uidipura.
>
> --- kumincir <[EMAIL PROTECTED] <ia.adnan%40Gmail.com>> wrote:
>
> > perkawis lengkepna mah panginten tiasa ngke bae pami
> > tos rada caket ka
> > prungna acara, ku panitia tiasa diuruskeun. Malihan
> > pan wangun acara ge teu
> > acan aya rarancang2na acan. Sasasih dua sasih ieu
> > mah masih aya keneh waktos
> > kanggo nguruskeun kapanitiaan, sabari ngantosan susu
> > ganan aya panambih
> > usulan2 ti para wargi sadaya...
> >
> > sikandar
>
> __________________________________________________________
> Be a better friend, newshound, and
> know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
> http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ
>
> 
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.smarthubtech.co.id-----------------------------------------------------------
www.independen.wordpress.com
www.inkas.wordpress.com
www.garut0262.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.net

Kirim email ke