Muhun ari perkiraan mah tiasa gampil bae, ditebak ge kaci-kaci sajah...
Maksad teh, perkawis jumlah pamilon mah teu kedah ditangtoskeun ayeuna2.
Perkawis katuanganana, upami ti nu janten pribumi biasa nyadiakeun mah nya
langkung praktis dipasrahkeun ka pribumi, ti urang 'kantun' pangrojong
cicisna bae... heheh...

Justru anu hal utami, anu peryogi disawalakeun teh ngeunaan wangun acara.
Naha dina acara HBH ngke bade maparin pangajen ka seniman Sunda deui, aya
pintonan, aya biantara atanapi ceramah kabudayaan misalna? Tah eta,
saupamina animo wargi2 Kusnet sae, tangtos ngke panginten panitia ge hoyong
midangkeun atanapi tatahar kalawan daria supados nu sarumping
disugemakeun...

Tah, ku kituna, mangga bilih aya usulan perkawis acarana, diantoz
pizzaaan...

On 29/04/2008, MRachmat Rawyani wrote:
>
>
> supados aya "gambaran" anu tiasa janten cecepengan,
> asana tiasa ngangge "prakiraan". Sapertos pangalaman
> taun-taun kapengker, aya sabaraha jalmi anu ngahadiran
> HBH, antawis anu pangramena sareng pangsepina. Ti
> dieu tiasa diperhetangkeun, kinten-kintenna sabaraha
> jalmi anu bade mondok, saha anu sumpingna dina dinten
> minggu. Prakiraan ieu kanggo ngetang sabaraha pondokan
> anu diperyogikeun sareng konsumsina kumaha.
>
> Kadua, perkawis acara. Sigana acara ieu heunteu
> tergantung kana seueurna anu bade dongkap. Tiasa
> ditangtoskeun tipayun, mana acara pokok, mana acara
> sampingan, saha anu tanggel walerna. Pami aya
> waragadna sabaraha seueur, tiasa didiskon atanapi
> heunteu.
>
> katilu, konsumsi naon wae anu kedah disayogikeun. Naha
> ku panicia, atanapi ku pihak pengelola kampung adat.
> Ceuk cenah mah katuangan anu disayogikeun ku pengelola
> kampung adat "okeh punya" sareng menuna "nyunda"
> deuih. Upami aya sukarelawan anu bade nyumbang
> katuangan langkung sae. Biasana kuring sok didaulat ku
> batur saasrama, ngadamel "nasi goreng kambing"
> (kenging guguru ti tukang sate di lampu merah Pasar
> Paseban) atanapi ngolek cau tanduk (guguru ti tukang
> masak salah sahiji hotel di Puncak).
>

Kirim email ke