Alhamdulillah dina danget ayeuna masih aya keneh anu peduli kana seni sunda.
   Pami teu lepat mah aya di daerah Bandung kidul ( sanggar waditra  ) Bapak 
Onda S.kar , khusus kanggo ngadamelan waditra sunda.
  Pami gamelan degung mah diantawisna : 
saron,bonang,goong,jenglong,kendang,kulanter,suling,kacapi....dupi pangaosna 
mah rupi-rupi, tergantung tina bahan anu dianggona. Aya beusi, perunggu, 
kuningan. kapungkur mah abdi ngagaleuh teh mung 4,5 juta ( teu termasuk kacapi 
sareng suling ) tina bahan beusi.
  pami peryogi info mah tiasa ka no abdi : 081315029825 ( Ahmad ) Insya Allah 
ke ku abdi ditepangkeun ka Bp.Onda.
  ^-^...

yayan sopyan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Assalamu'alaikum
baraya, dina raraga ngamumule seni sunda, kuring sareng inohong sunda di 
lingkungan UIN Syarif Hidayatullah Jakarta rencana bade meser saperangkat alat 
gamelan sunda/degung...manawi aya anu terang naon wae alat2na? kinten2 sabaraha 
pangaosna? dimana kedah meserna? anu kumaha anu sae soantenna? maklum abdimah 
kirang apal, mung resep we ngupingkeun nana.....hatur nuhun sateuacanna...
bakto,
yayan

  ----- Original Message ----
From: Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]>
To: [EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, April 30, 2008 12:37:51 PM
Subject: [Urang Sunda] Perkara Furu dina Khilafiyah #2

               Perkara Furu dina Khilafiyah #2
   
  Di luar perkara kakurangan tadi, pikeun jalma bodo kawas kuring, ieu buku 
lain bae mere kaweruh anyar ngeunaan sawatara hal. Tapi, oge negeskeun atawa 
muguhkeun hal-hal nu salila ieu ku kuring dianggap ukur cenah, “dongeng”, atawa 
riwayat nu teu jelas sumberna. Da, ukur ngandelkeun ingetan atawa katerangan 
lisan. Enya. Contona, ngeunaan Bagenda Ali r.a salaku ulama nu manggihan elmu 
nahwu. Salila ieu, informasi ngeunaan hal eta kuring ukur ngadenge. Ukur 
informasi lisan. Ku ieu buku, informasi tadi diujratkeun mangrupa tulisan nu 
puguh bungkeuleukannana. Ieu buku, keur kuring, nyodorkeun “tradisi tulis” nu 
bisa dicekel kalawan panceg. Ninggalkeun “tradisi lisan” nu remen ngahudangkeun 
patanyaan: Na bener heunteu omongan kiai teh? Boa-boa, sanajan anjeunna nampi 
eta riwayat atawa amal-amalan teh ti guruna, asal-usulna mah teu jelas atawa 
bohong pisan. Kadar mitos, hasil ngawawaas sepuh-sepuh kapungkur. Di mana lain 
dongeng ge, boa-boa nu ditepikeun teh geus
 robah eusi atawa maksudna. Da ngarandapan deviasi informasi tea.
  Ngan, perkara tadi, transformasi tina budaya lisan kana budaya tulis tea, 
dina paningal kuring, oge jadi kalemahan utama atawa kakurangan poko ieu buku – 
sakumaha nu nyampak di umumna buku agama di urang -- nu beh dituna, nembongkeun 
lemahna profesionalisme ulama-ulama atawa pamedal urang dina perkara nulis 
atawa nerbitkeun buku. Utamana mun eta buku dipiharep jadi hiji buku nu miboga 
kadar ilmiah nu luhung, nu tangtuna jadi paniatan nu nulis oge pamedalna. 
Paling heunteu dina nanjeurkeun standar nulis/medalkeun buku nu sipatna ilmiah 
atawa boga tendensi ka dinya. Boh mangrupa catetan kaki, indeks, daftar 
pustaka, oge ngaoptimalkeun fungsi editor jeung korektor aksara.
  Siga ceuk tadi, bener ieu buku teh leubeut ku informasi-informasi nu tadina 
“ukur cenah” sakumaha mayakpak dina budaya lisan, bari ngabungkeuleukeun jadi 
informasi tinulis. Tapi, “transformasi” tina budaya lisan kana budaya tulis ieu 
dipilampah kalawan teu junun, teu nepi ka jucung. Kadar satengah hate. 
  Contona perkara Bagenda Ali r.a. salaku pionir elmu nahwu tadi. Ti mana 
satemenna, Syekh Al Hamid mendak informasi ngeunaan ieu? Naha tina hiji kitab, 
cariosan ti sepuh-sepuhna atanapi guru-guruna, atanapi kumaha? Mun tina kitab, 
kitab naon? Saha nu nyeratna, mangsa iraha? Mun tea mah kawilang kitab modern, 
nu dicitak massal jeung jelas pamedalna, nya wedalan mana, iraha, citakan ka 
sabaraha, jste? Oge, tina lebah mana eta kitab dicutatna teh? Pon kitu deui 
sawatara hadist atawa riwayat nu dicutat ku anjeunna. Contona, perkara Ibnu 
Mas’ud r.a nu ngaharewoskeun Serat Al Mu’minun ayat 5 ka hiji jalma pikeun 
nyadarkeun eta jalma tina kapiuhan. Asal-usul riwayat ieu, keur kuring, teu 
jelas. Dina harti, nya ti mana anjeunna kenging informasi ngeunaan hal ieu? Mun 
dina elmu hadist mah, meureun, sanad-na teu jelas.
  Bisa jadi, Syekh Al Hamid, oge pamedalna, boga hate nu beresih jeung alus 
sangka: Yen kumna nu maca ieu buku sami-sami ulama sapertos anjeunna. Hartina, 
hal-hal siga di luhur teu kedah dijelentrekeun deui. Dianggap geus jadi kaweruh 
umum. Dina emutan aranjeunna, ieu buku leuwih mangrupa “reminding” 
(ngahudangkeun ingetan) pikeun data atawa informasi nu geus nyampak dina 
kaweruh nu maca. Malah, kadar kompilasi jeung kodifikasi tina informasi lisan 
nu geus nyampak dina kabudayaan urang (pasantren). Lain informasi anyar. Tapi, 
faktana: Teu sakabeh nu maca geus miboga informasi ngeunaan naon nu ditepikeun. 
Karuhan nyaho sumber-sumberna, saha jeung naonna. Contona, nya jalma atah warah 
siga kuring.
  Leuwih ti kitu, ku ngabejerbeaskeun perkara sumber tadi, sakur nu maca bisa 
leuwih telik deui dina ngudag informasi lianna – sanajan, keur sawatara urang 
atawa keur sawatara kasus, karasa pamohalan, rada hese dilaksanakeunnana: 
Perkara kitab Qa’idah Jalilah Fit-Tawassul Wal-Wasilah, contona. Mun tea mah 
ieu buku mere informasi nu leuwih lengkep ngeunaan eta kitab, ku cara 
nyebutkeun pamedalna kiwari, nu maca bisa neuleuman elmu Syaikhul Islam Ibnu 
Taimiyah leuwih jero. Pon kitu deui kitab-kitab lian nu dicutat atawa kadar 
disebut dina ieu kitab. 
  Jentrena perkara kitab-kitab eta, atawa sumber-sumber informasi lian nu 
dicutat atawa kadar disabit-sabit ku nu nyerat, lain kadar keur ngudag 
bener-heunteuna informasi nu ditepikeun dina ieu buku -- nu kaluar tina nafsu 
nu sipatna goreng sarupaning suudzon atawa “hayang nguji”. Tapi, oge bisa 
ngadorong nu maca pikeun ngorehan kaweruh leuwih jauh. Teu pamohalan, misalna, 
nu maca kadorong ku nafsu tolab elmu, panasaran, hayang maca  kitab-kitab buhun 
nu dicutat atawa nu disabit-sabit dina eta buku. Sanajan, ukur tarjamahna. 
Hartina, mun eta kalaksanakeun, udagan minterkeun jalma loba (nu maca) teh 
leuwih kahontal. Kasawang, mun tina 250-an kitab atawa risalah nu dicutat atawa 
disebut-sebut dina ieu buku – nu dina daftar pustaka ukur ditatataan 47 buku -- 
saparapat atawa sapersapuluh di antarana bisa dibaca jeung diteuleuman langsung 
ku nu macana, teuing sabaraha ulama anyar nu lahir alatan ieu buku atawa ngilu 
dirojong ku (daftar pustaka) ieu buku.
  
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441


  
---------------------------------
  Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it 
now.   





  
---------------------------------
  Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it 
now.  

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke