----- Original Message -----
From: YADI supriadi wendy
To: [email protected]
Sent: Thursday, 15 May, 2008 9:28 AM
Subject: Re: Baledog Nyumput Re: [Urang Sunda] PERTAMINA...Perusahaan yang
Turut Membangkrutkan Negara
H Surtiwa wrote:
Ayana tabung 3kg..teh kanyataan na..mere paluang ka jelema saakah anu tetep
wae hayang murah....naon sababna ? pamarentah ngahargaan Elpiji tabiung 45 kg
keur Industri, usaha tangpa subsidi...ari nu 3 kg an saeng 15 kg aya
subsidi....Nya si pamake 50 kg satekah polah neangan..alias ngarampog hak anu
3kg an jeung anu 15 kg an..jadi 3kg jeung 15 kg langsung langka...jeung
mahal....terus anu disalahkeun biasa Pamarentah..lain jelema sarakah tea.......
cilakana pamarentah teu nyiapkeun pakarang pikeun ngabendung kamungkinan hal
eta kajadian. hal nu gampil ditebak atuh, pami aya celah piuntungeun - pinasti
bakal dirubung - duka pami [oknum] pamarentah ngahaja teu nyiapkeun mah.
lumayan aya kabagean jatah.
suudzon deui bae lah............
tuda teu kitu kumaha...? pangalaman relasi nawarkeun bola lampu hemat energi
jeung kuat [bisa tahan 3 taun cenah mah] ka salah sahiji pemda. da kumaha ari
jawabna teh? keur naon lampu nu awet 3 tauneun? pan tiap taun ge aya
anggaranana kaluar....! :-(
uluh alah ulah aluh.......seueur seueur pisan nu kedah dilereskeun teh, ku
seueur seueurna bingung mana heula nu kedah diheulakeun?
tacan soal pilkadal [ngahaja pilkadal bae, ngarah caket kana biawak atanapi
buaya]. dina lebet 5 taun aya sabara kali? kali we sakitu milyareun pakeunna
pan?
hiji deui bae, ari bupati or walikota, saha dununganana? gubernur? sanes
nya.... da teu sieuneun ku gubernur mah, sieunna teh ku dprd! mangkana supaya
apbd disatujuan ku dprd, anggaran dprd ge kudu disatujuan ku bupati. punah
pan...? jadi sanggem kuring mah pami aya bupati nu katewak gara-gara korupsi
teh kacida bodona. kunaon teu menta legalisasi ku peraturan daerah pikeun
ngagunakeun "dana"?
kasarakahan teh tos ngadunya di nagri urang teh, rupina dua generasi mah
kedah diamputasi. beurat pikeun hiji generasi kedah ngalakukeun "revolusi" mah,
masih tiasa ningali conto "ti luhurna". conto kagorengan teh [sanes conto atuh
ari nu goreng mah: pieunteungeun!] tos dikawitan ti bubudak keneh. ngabohong,
ti bubudak tos dilatih ngabohong ku indung bapana. teu emut kitu? lagu bintang
kecil: maenya bentang katingal di langit nu biru? diancam ku lagu nina bobo,
disingsieunan kunu poek atanapi ku jurig kulantaran alim emam sst sst. padahal
eta sadaya bohong.
teu acan pami si budak teu tiasa lebet ka sakola nagri, da aya pakeunna,
ahirna tiasa lebet oge ku jalan...... padahal maksudna mah sangkan budak
meunang hade didikan, tapi teu sadar dibere racun!
dibere didikan agama, tapi sangsina naon? naraka? karaos teu naraka
ayeuna....? ari atikan budi pekerti - ahlak - teu aya...! mending atikan budi
pekerti, keun agama mah tanggung jawab di masing-masing rumah tangga!
walah panjang, aya garapeun keneh..............
------------------------------------------------------------------------------
No virus found in this incoming message.
Checked by AVG.
Version: 7.5.524 / Virus Database: 269.23.16/1429 - Release Date: 5/12/2008
6:14 PM