Leres teh yi...masalah kasempetan..teh didieu mah sok diutamikeun...ngadamel
paraturan..aya bolongna...supados tiasa ngamangpaatkeun anu bolongna...Ceuk
katua KJ..cenah manehna dipaparin parangkat hukum anu teu sampurna..janten
manehna teh siga ..macan ompong...Anu marajalelea nyaeta Mafia pangadilan
anu gaduh 4 jurus nipu publik dina sidang2 koruptor..anu hasilna pasti
Koruptor lolos atanapi dihukum ringan atawa jelema sajen jadi
katewak..padahal dosana leutik...
pangalaman Abah..didaerah rek ngabantu ngomean jambatan runtuh....ku  alat2
beurat supaya gancang jeung hade...ngarah biss ngaliwat kadinya...Ari ceuk
nu boga jambatan..teh (Nagara)...tos wae ulah..teu kedah dibantosan...bade
diomean ku sorangan...Waktos ditanya..sbaraha lami. jawabna teu kireum2 4
bulan. janten jalan ekonomi PEGAT salami 4 bulan...teu paduli !! Lamun
dibantus ku alat2 beurat mah ngan perlu 4 poe.....!! Si horeng supados aya
proyek..anggaran ngomean turun..sanes suudzon..eta mah prakter
standard.........


On 5/15/08, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   H Surtiwa wrote:
>
>  Ayana tabung 3kg..teh kanyataan na..mere paluang ka jelema saakah anu
> tetep wae hayang murah....naon sababna ? pamarentah ngahargaan Elpiji
> tabiung 45 kg keur Industri, usaha tangpa subsidi...ari nu 3 kg an saeng 15
> kg aya subsidi....Nya si pamake 50 kg satekah polah neangan..alias ngarampog
> hak anu 3kg an jeung anu 15 kg an..jadi 3kg jeung 15 kg langsung
> langka...jeung mahal....terus anu disalahkeun biasa Pamarentah..lain jelema
> sarakah tea.......
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> cilakana pamarentah teu nyiapkeun pakarang pikeun ngabendung kamungkinan
> hal eta kajadian. hal nu gampil ditebak atuh, pami aya celah piuntungeun -
> pinasti bakal dirubung - duka pami [oknum] pamarentah ngahaja teu nyiapkeun
> mah. lumayan aya kabagean jatah.
> suudzon deui bae lah............
> tuda teu kitu kumaha...? pangalaman relasi nawarkeun bola lampu hemat
> energi  jeung kuat [bisa tahan 3 taun cenah mah] ka salah sahiji pemda. da
> kumaha ari jawabna teh? keur naon lampu nu awet 3 tauneun? pan tiap taun ge
> aya anggaranana kaluar....! :-(
> uluh alah ulah aluh.......seueur seueur pisan nu kedah dilereskeun teh, ku
> seueur seueurna bingung mana heula nu kedah diheulakeun?
> tacan soal pilkadal [ngahaja pilkadal bae, ngarah caket kana biawak atanapi
> buaya]. dina lebet 5 taun aya sabara kali? kali we sakitu milyareun pakeunna
> pan?
> hiji deui bae, ari bupati or walikota, saha dununganana? gubernur? sanes
> nya.... da teu sieuneun ku gubernur mah, sieunna teh ku dprd! mangkana
> supaya apbd disatujuan ku dprd, anggaran dprd ge kudu disatujuan ku bupati.
> punah pan...? jadi sanggem kuring mah pami aya bupati nu katewak gara-gara
> korupsi teh kacida bodona. kunaon teu menta legalisasi ku peraturan daerah
> pikeun ngagunakeun "dana"?
> kasarakahan teh tos ngadunya di nagri urang teh, rupina dua generasi mah
> kedah diamputasi. beurat pikeun hiji generasi kedah ngalakukeun "revolusi"
> mah, masih tiasa ningali conto "ti luhurna". conto kagorengan teh [sanes
> conto atuh ari nu goreng mah: pieunteungeun!] tos dikawitan ti bubudak
> keneh. ngabohong, ti bubudak tos dilatih ngabohong ku indung bapana. teu
> emut kitu? lagu bintang kecil: maenya bentang katingal di langit nu biru?
> diancam ku lagu nina bobo, disingsieunan kunu poek atanapi ku jurig
> kulantaran alim emam sst sst. padahal eta sadaya bohong.
> teu acan pami si budak teu tiasa lebet ka sakola nagri, da aya pakeunna,
> ahirna tiasa lebet oge ku jalan...... padahal maksudna mah sangkan budak
> meunang hade didikan, tapi teu sadar dibere racun!
> dibere didikan agama, tapi sangsina naon? naraka? karaos teu naraka
> ayeuna....? ari atikan budi pekerti - ahlak - teu aya...! mending atikan
> budi pekerti, keun agama mah tanggung jawab di masing-masing rumah tangga!
> walah panjang, aya garapeun keneh..............
>
> 
>

Kirim email ke