Bah Iwa bade tumaros, manawi uninga Kunaha Indonesia ngimpor minyak atah (crude oil) ti luar nagri (Arab) ? Padahal di Indonesia oge seueur pangeboran minyak. Hasil minyak atah di Indonesia kalahka diangkutan ku kapal tanker Jepang, Cina, jrrd. Ari Indonesia kabagian naonna atuh ? Daripada ngimpor tebih-tebih, nu caket we atuh. Atanapi kualitas minyak atah Indonesia awon ? ( seueur keusik & cai ).
EMod, On Wed, May 14, 2008 at 7:29 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Rada kirang pas Bah....pangaos $ 125/barrel teh pangaos minyak > atah..olahkeuneun...tina 1 barrel teh (159 liter) anu tiasa janten BBM > (solar, minyak bakar, bengsin, minyak tanah) ngan sakedik...hampasna janten > ter, lilin, mercaptan..Komposisi na teh gumantung kana jenis minyak atah anu > diimpor...Tapi ari Indonesia mah...dua ngimpor minyak atah enya nyaeta Saudi > Arabian Light crude (pangaosna awis kanggo BBM bengsin, avtur, minyak > tanah)...tapi oge Indonesia ngimpor Minyak Tanah jadi sareng Avtur sareng > Solar.....Kumaha tah...Ongkos ngasakkeun Minyak oge can kaaetang efisien > dikilang2 Cilacap, Dumai sareng Balongan... > > > On 5/13/08, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> >> Baraya aki tams nimbrung yeuh. >> >> Leres pisan etah, di Bdg oge, di palih kota tengah Kacamatan Astanaanyar, >> aki bade dibere tabung gas anu 3 kg tea, ari si nini alewoh ka aki kumaha >> tampi entong cenah?. Ku aki diwagel tong ditampi. Pon kitu deui di palebah >> komplek Antapani pun anak mah malihan nampi bae da dipasihan cenah. Padahal >> ceuk hate aki mah masih aya keneh anu leuwih berhak nampi. >> >> Kalepatan sarupi eta tiasa janten mamala, pamarentah jadi beurat kedah >> ngirangan subsidina. Mung hanjelu pamarentah anu ayeuna teu brukbrak dina >> kamampuan ngahasilkeun minyak (Pertamina), sabaraha kakiranganana anu kedah >> diimpor? etang2an kasar wae upami $125.00/barel dina Rp (upami >> kurs 9.250,00) janten 1.156.250,00. Upami sabarel aya159 ltr, berarti >> pangaos minyak impor teh Rp 7.272,01/ltr. Upami deui ukuran bensin di pom >> mung Rp 4.500.00/ltr. Jadi kedah nombok ageung, sanaos ditangtoskeun engke >> dugi ka Rp 6.000,00/ltr. subsidi masih kirang Rp 1.272,00/ltr, mangga wae >> uninga sabaraha impor minyak Indonesia? Sabaraha (supply/stok besi) anu >> wajib sayogi?. >> >> Tah eta abotna pamarentahan sby kiwari, komo upami leres bakal dugi ka >> $200.00/barel? Etang2an kasar sapertos kieu, nyaeta sabaraha kamampuan >> urang, sabaraha keperluan anu wajib sadidinten, sabaraha cadangan awasan, >> entong ngemutan nimbun mah jigah nagara batur? kedah faham kusadaya warga >> bangsa, utamina para dedengkot partey, "informal leader", para tokoh >> masyarakat anu langsung caket sareng wargana. Janten kaperihatinan teh tiasa >> ditanggung sasarengan. Insya Alloh demo2 oge dina hal ieu meureun malih mere >> solusi anu pantes lain heuras bantangul sigah nganggap musuh ka pamarentah >> teh?. Mangga ka baraya anu langkung paos dina masalah ieu, teraskeun. kitu >> bae pamendak aki tams mah. Cah ah. >> >> --- On *Tue, 5/13/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: >> >> From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> >> Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: Ada Sinyal 1 Juni BBM Naik >> To: [email protected] >> Date: Tuesday, May 13, 2008, 12:18 AM >> >> Sapuk kang, abah. Nu jadi titik kritis teh alokasi, distribusi JPS. >> Koncina balik deui kana kajujuran dina validitas data. Nu paur teh mental >> barangmaen, pengemis nu mampu ge jadi asup kategori miskin. >> >> Conto pang anyarna di Jakarta. Dina bulan Mei ieu kedahna rengse konversi >> minah ka gas, tapi dina TV tos ribut seueur keluarga nu kategori miskin nu >> tacan kabagean tabung gas. Nya sim kuring ngecek ka wargi...eeeh nyaan aya >> wargi2 nu kabagean tabung gas padahal mah asup kana kategori mampu. >> Alesanana duka atuh da ujug2 didrop we ti RT/Kelurahan. Tah ieu mah contoh >> nyata aya kalemahan dina ngadata saha nu bener2 boga hak nampa fasilitas >> (JPS). >> >> Ayeuna mah nu jelas urang boga tangtangan nu hade jeung real kumaha data >> di Jawa Barat-Banten supaya valid! Teu kedah gengsi mun di daerahna aya nu >> miskin tapi ulah sarakah oge nu mampu ngaku-ngaku miskin. Ngecek validitas >> misalna wae ngawangun kerjasama RT/RW/Lurah sareng pasantren2 teras nu >> ngecekna mahasiswa2. Asana leuwih realistis daripada babadug macetkeun >> jalan. >> >> cag ah >> >> JP >> >> Makarya Mawa Raharja >> >> >> ----- Original Message ---- >> From: h_supriadi <[EMAIL PROTECTED]> >> To: [email protected] >> Sent: Tuesday, May 13, 2008 12:02:51 AM >> Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: Ada Sinyal 1 Juni BBM Naik >> >> leres Bah Iwa, salah sahiji sabab kunaon subsidi BBM kudu dihapuskeun, >> nyaeta yen BBM nu di subsidi ku duit rahayat teh sok diselundupkeun ka >> luar nagreg... ku jelema-jelema nu boga modal tangtuna ge, da nu teu >> boga modal mah kumaha rek ngumpulkeun jeung nyelundupkeunna. .. >> kondisi endonesia nu "terbuka" (perbatasan darat jeung lautna panjang >> pisan, teu mungkin 100% nyegah penyelundupan) ... >> >> ayeuna mah subsidi leungitkeun, bereskeun distribusi JPS jeung oge >> bereskeun mental nu narima JPS-na (nu narima BLT tea)... >> >> tong hayoh BLT dibelikeun kana hape sagala... BEU !!!! >> >> ^_^ >> >> --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, "H >> Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED] > wrote: >> > >> > 1.Ke heula ...rakyat Numana nya ? pan ngan 20% nyaeta rakyat alit anu >> > nikmatan subsidi BBM. Kumaha anu 80% anu ngaanggo mobil ? naha eta sanes >> > rakyat ? >> > 2. Ke heula anu disebat beunghar teh ayeuna tos ngikmatan subsidi >> > mangtaun2... .padahal beunghar ? Manehna oge rakyat...uNaha bade >> > dipertahankeun kitu ngelekleku hak rakyat alit (anu ngan 20% >> nikmatan jatah >> > subsid tea)? >> > 3.*Konglomerat *mah jumlahna ..ngan ratusan..teu aya hubungan sareng >> harga >> > BBM >> > 4. Anu kedah dipariksa teh eta golongan anu *baleunghar *anu ayeuna >> nampi >> > sareng nikmatan subsidi..tapi keukeuh hayang subsidi >> DITERASKEUN. ..Mun dina >> > elmu judi di Bandung baheula mah...Kode jongklok ieu teh.. >> > 5. Cik sakadang tukang oplos BM, tukang distribusi BBM, Mafia SPBU, >> mafia >> > Jatah BBM, jrrd. satuju henteu Subsidi dileungitkeun ? jawab na >> pasti : Teu >> > SATUJU !! Urang moala maok jeung korupsi panyelewengan jatah. Minggu >> tukang >> > BBM rakyat bocor di Kal Tim sakapal 3.700.000 liter dijual ka Kapal >> Asing ! >> > >> > >> > >> >> >> >> > >

