Rada kirang pas Bah....pangaos $ 125/barrel teh pangaos minyak
atah..olahkeuneun...tina 1 barrel teh (159 liter) anu tiasa janten BBM
(solar, minyak bakar, bengsin, minyak tanah) ngan sakedik...hampasna janten
ter, lilin, mercaptan..Komposisi na teh gumantung kana jenis minyak atah anu
diimpor...Tapi ari Indonesia mah...dua ngimpor minyak atah enya nyaeta Saudi
Arabian Light crude (pangaosna awis kanggo BBM bengsin, avtur, minyak
tanah)...tapi oge Indonesia ngimpor Minyak Tanah jadi sareng Avtur sareng
Solar.....Kumaha tah...Ongkos ngasakkeun Minyak oge can kaaetang efisien
dikilang2 Cilacap, Dumai sareng Balongan...

On 5/13/08, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>      Baraya aki tams nimbrung yeuh.
>
> Leres pisan etah, di Bdg oge, di palih kota tengah Kacamatan Astanaanyar,
> aki bade dibere tabung gas anu 3 kg tea, ari si nini alewoh ka aki kumaha
> tampi entong cenah?. Ku aki diwagel tong ditampi. Pon kitu deui di palebah
> komplek Antapani pun anak mah malihan nampi bae da dipasihan cenah. Padahal
> ceuk hate aki mah masih aya keneh anu leuwih berhak nampi.
>
> Kalepatan sarupi eta tiasa janten mamala, pamarentah jadi beurat kedah
> ngirangan subsidina. Mung hanjelu pamarentah anu ayeuna teu brukbrak dina
> kamampuan ngahasilkeun minyak (Pertamina), sabaraha kakiranganana anu kedah
> diimpor? etang2an kasar wae upami $125.00/barel dina Rp (upami
> kurs 9.250,00) janten 1.156.250,00. Upami sabarel aya159 ltr, berarti
> pangaos minyak impor teh Rp 7.272,01/ltr. Upami deui ukuran bensin di pom
> mung Rp 4.500.00/ltr. Jadi kedah nombok ageung, sanaos ditangtoskeun engke
> dugi ka Rp 6.000,00/ltr. subsidi  masih kirang Rp 1.272,00/ltr, mangga wae
> uninga sabaraha impor minyak Indonesia? Sabaraha (supply/stok besi) anu
> wajib sayogi?.
>
> Tah eta abotna pamarentahan sby kiwari, komo upami leres bakal dugi ka
> $200.00/barel? Etang2an kasar sapertos kieu, nyaeta sabaraha kamampuan
> urang, sabaraha keperluan anu wajib sadidinten, sabaraha cadangan awasan,
> entong ngemutan nimbun mah jigah nagara batur? kedah faham kusadaya warga
> bangsa, utamina para dedengkot partey, "informal leader", para tokoh
> masyarakat anu langsung caket sareng wargana. Janten kaperihatinan teh tiasa
> ditanggung sasarengan. Insya Alloh demo2 oge dina hal ieu meureun malih mere
> solusi anu pantes lain heuras bantangul sigah nganggap musuh ka pamarentah
> teh?. Mangga ka baraya anu langkung paos dina masalah ieu, teraskeun. kitu
> bae pamendak aki tams mah. Cah ah.
>
> --- On *Tue, 5/13/08, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: Ada Sinyal 1 Juni BBM Naik
> To: [email protected]
> Date: Tuesday, May 13, 2008, 12:18 AM
>
>   Sapuk kang, abah. Nu jadi titik kritis teh alokasi, distribusi JPS.
> Koncina balik deui kana kajujuran dina validitas data. Nu paur teh mental
> barangmaen, pengemis  nu mampu ge jadi asup kategori miskin.
>
> Conto pang anyarna di Jakarta. Dina bulan Mei ieu kedahna rengse konversi
> minah ka gas, tapi dina TV tos ribut seueur keluarga nu kategori miskin nu
> tacan kabagean tabung gas. Nya sim kuring ngecek ka wargi...eeeh nyaan aya
> wargi2 nu kabagean tabung gas padahal mah asup kana kategori mampu.
> Alesanana duka atuh da ujug2 didrop we ti RT/Kelurahan. Tah ieu mah contoh
> nyata aya kalemahan dina ngadata saha nu bener2 boga hak nampa fasilitas
> (JPS).
>
> Ayeuna mah nu jelas urang boga tangtangan nu hade jeung real kumaha data
> di Jawa Barat-Banten supaya valid! Teu kedah gengsi mun di daerahna aya nu
> miskin tapi ulah sarakah oge nu mampu ngaku-ngaku miskin. Ngecek validitas
> misalna wae ngawangun kerjasama RT/RW/Lurah sareng pasantren2 teras nu
> ngecekna mahasiswa2. Asana leuwih realistis daripada babadug macetkeun
> jalan.
>
> cag ah
>
> JP
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ----- Original Message ----
> From: h_supriadi <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Tuesday, May 13, 2008 12:02:51 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: Ada Sinyal 1 Juni BBM Naik
>
>  leres Bah Iwa, salah sahiji sabab kunaon subsidi BBM kudu dihapuskeun,
> nyaeta yen BBM nu di subsidi ku duit rahayat teh sok diselundupkeun ka
> luar nagreg... ku jelema-jelema nu boga modal tangtuna ge, da nu teu
> boga modal mah kumaha rek ngumpulkeun jeung nyelundupkeunna. ..
> kondisi endonesia nu "terbuka" (perbatasan darat jeung lautna panjang
> pisan, teu mungkin 100% nyegah penyelundupan) ...
>
> ayeuna mah subsidi leungitkeun, bereskeun distribusi JPS jeung oge
> bereskeun mental nu narima JPS-na (nu narima BLT tea)...
>
> tong hayoh BLT dibelikeun kana hape sagala... BEU !!!!
>
> ^_^
>
> --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, "H
> Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
> >
> > 1.Ke heula ...rakyat Numana nya ? pan ngan 20% nyaeta rakyat alit anu
> > nikmatan subsidi BBM. Kumaha anu 80% anu ngaanggo mobil ? naha eta sanes
> > rakyat ?
> > 2. Ke heula anu disebat beunghar teh ayeuna tos ngikmatan subsidi
> > mangtaun2... .padahal beunghar ? Manehna oge rakyat...uNaha bade
> > dipertahankeun kitu ngelekleku hak rakyat alit (anu ngan 20%
> nikmatan jatah
> > subsid tea)?
> > 3.*Konglomerat *mah jumlahna ..ngan ratusan..teu aya hubungan sareng
> harga
> > BBM
> > 4. Anu kedah dipariksa teh eta golongan anu *baleunghar *anu ayeuna
> nampi
> > sareng nikmatan subsidi..tapi keukeuh hayang subsidi
> DITERASKEUN. ..Mun dina
> > elmu judi di Bandung baheula mah...Kode jongklok ieu teh..
> > 5. Cik sakadang tukang oplos BM, tukang distribusi BBM, Mafia SPBU,
> mafia
> > Jatah BBM, jrrd. satuju henteu Subsidi dileungitkeun ? jawab na
> pasti : Teu
> > SATUJU !! Urang moala maok jeung korupsi panyelewengan jatah. Minggu
> tukang
> > BBM rakyat bocor di Kal Tim sakapal 3.700.000 liter dijual ka Kapal
> Asing !
> >
> >
> >
>
>
>
> 
>

Kirim email ke