Heuheu. Eta oge carita ti dulur nu mantan tukang kebon di al-kharj tea taun 1989-1991. basa kuwait diserbu (aneksasi) ku irak tea. Terus irak dikoroyok amrik jeung balada2na, sandina, operasi badai gurun tea, desert storm operation. Harita rudal irak, scud tea sok ngulampreng kamana mendi nepi ka israel. Tapi israel teu ngawalan da dicaram ku amrik. Mun israel ngalawan, peta perang harita bisa robah, kabeh arab baris pro irak merangan israel. Cenah. Al-kharj (baca al-kharaj) jadi arsenal atawa gudang senjata arab saudi, timana? Ti amrik. Sok kaciri cenah ti kebon, aya kareta ngakut tank amrik, pastina ti pelabuhan, jsb.
Manehna 6 bulan munggaran gawe tukang ngala madu, terus ka kebon tomat dina greenhouse cenah. Sadaya kebon palawija di arab mah dina greenhouse, da mun teu make nu kitu kapanasan meureun, moal jaradi. Kalolobana harita, ktp jeung sagala rupana dipalsukeun. Manehna ktp majelengka, datang ka PT mah (sebutan pikeun agen tki, labour agent), dipermak. Jadi urang bekasi. Naon sababna? TKI pan kalolobana teu apal prosedur jeung diajak ku calo/agen nu neangan nu daek gawe di arab ka unggal lembur. Terus we milu sanggeus neangan sababaraha juta pikeun bayar agen/calo, teu daptar ka depnaker, kartu kuning, jsb, komo nyieun passport mah teu apal2 acan ari ka luar negeri teh kudu boga passport. Tah, sangkan gancang urusan, biasana cenah, si PT boga agen di hiji tempat,bekasi atawa mana, nu nyieun ktp aspal, sangkan gampang jeung tereh ngurus itu ieu kaasup paspor. Duka kaayeunakeun mah. Sigana teu pati robah. Sabenerna tiap perjanjian kerja pikeun tki muslim, cenah aya ayat nu nyebut si dunungan kudu ngamekahkeun tki. Tapi jarang nu bisa dicumponan ari si tki na teu nagih mah. Tah ki dulur kuring mah wanian, nagih ngaliwatan mandor nu urang mesir. Nya ditepikeun ka dununganana. Jadi ka mekkah teh siga piknik di urang kana beus ti panginditan. Teu naek kapal heula. Pokona mah mun panggih jeung si eta, sok dipenta carita sarupaning arab. Ari keur nyaritakeun kumaha beungharna urang arab, sok bari gogodeg. moal kabayang cenah beungharna. Heuheu. Kaasup nu unik. Manehna munggaran nongton video beef lain di urang tapi di arab! Haha. Aya migran urang pilipina, supir cenah, ngajak ka imahna. Ngajak nongton video beef, format vhs sigana da nyebutna kasetna gede. Hehe. _____ From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of iwan rashid Sent: 28 Mei 2008 0:04 To: [email protected] Subject: Bls: [Urang Sunda] sarupaning arab saudi (2) aya deui?? rame oge, aneh. mun aya mah gambar atawa pidiona Kang........ kuring mah can pernah ka Saudi

