Dunungan week-end

Dunungan dulur si kuring eta, asana ngarana Usman, pan boga istri dua. Hiji
waktu duanana diajak week-end ka vila nu aya di kawasan pertanian boga
manehna di Al-Kharj tea. Kumaha datangna? Masing-masing istri make limousine
(mobil sedan nu panjang tea, di jakarta aya teu?) jeung barudak nu laleutik
keneh, supirna nya migran. Ari nu geus galede mah cenah marake mobil
sorangan. Da ari datang teh cenah, sok nepi ka 20 mobil mah. Ngabring.
Kalolobana mobil amerika nu di urang euweuh. Usman teh cenah lain kulawarga
raja. Bayangkeun mun kulawarga raja.

 

Ngaran Saudi Arabia atawa Arab Saudi

Harti biasa mah, jadina Arab nu Saud. Pendiri karajaan eta, ibnu Saud, atawa
klan/tribe/marga Saud. Cenah baheula, meureun saacan perang dunya II, Saud
eta, ngahijikeun suku2 badwi nu nodamen tea. Salah saratus carana, kucara
ngawin anak kepala tribe/klan. jadi leuwih ti opat, harem tea meureun. Jadi
loba anak nu masing2 meureun sarua ngadukung bapana jeun katurunana.  Jadi
beungkeutan kuat karajaan. Ongkoh kamakmuranana dibagikeun ka sakabeh
rahayat.

 

Sikep ka Amerika

Loba urang amerika boh sipil boh tangtara. Sikep ka amerika siga menak
baheula urang ka walanda cenah.

 

Dahar

Si dunungan hiji mangsa ngajak dahar bareng. Cara dahar lalaki teu make
piring. Tapi dihijikeun dina wadah. Cara tumpeng di urang kitu.dahar
langsung tina tempat tumpeng eta. di tengahna deungeuna, nyaeta kambing
guling hiji atawa bakakak hayam 20 cenah. Eta teh pikeun sabaraha urang?
Opatan. Haha.

 

Runtah

Tempat pagawe aya kana dua ratus meter ti villa. Masing-masing villa di urus
ku migran oge. Sok didatangan sakapeung pikeun week-end (perena jumaah, lain
minggu). mun dunungan jeung dua istri oge barudakna geus baralik, pagawe
kebon sok daratang. Rek naon? Rek mariksa tempat runtah. Sabab runtah di
vila eta mah cenah, lain runtah samanea. Dus rokok Marlboro (lain bungkusna,
dusna-slofna) di tempat runtah kaciri seseg keneh. Ari ditempo teh cenah,
loba keneh. Nya dicokotan. Kitu deui nu pangangguran mariksa bungkusan rokok
marlboro, ditempo teh rokona laloba keneh. Bayangkeun cenah, aya budak
dunungan, meureun umur SMA di urang, udud sabatang, panjang keneh dipiceun.
Rek udud deui teh, lain nyokot ti bungkus nu geus dibuka, tapi muka deui
bungkusan anyar. Hehe.

 

 

Kirim email ke