Hebat kang MJ meni apal seluk beluk saudi, beuki nambah kayakinan kuring lamun Islam dijalankeun teu Kaffah(Kabeh) antukna malah kagorengan nu aya.
mangga teraskeun kang diantos bagean ka 3 na, ameh langkung jelas ka urang yen nerapkeun Islam teh ulah sabagian-sabagian. wasalam -gusaeni- Wednesday, May 28, 2008, 1:35:33 PM, you wrote: > > Dunungan week-end > > Dunungan dulur si kuring eta, asana ngarana Usman, pan boga istri > dua. Hiji waktu duanana diajak week-end ka vila nu aya di kawasan > pertanian boga manehna di Al-Kharj tea. Kumaha datangna? > Masing-masing istri make limousine (mobil sedan nu panjang tea, di > jakarta aya teu?) jeung barudak nu laleutik keneh, supirna nya > migran. Ari nu geus galede mah cenah marake mobil sorangan. Da ari > datang teh cenah, sok nepi ka 20 mobil mah. Ngabring. Kalolobana > mobil amerika nu di urang euweuh. Usman teh cenah lain kulawarga > raja. Bayangkeun mun kulawarga raja. > > > > Ngaran Saudi Arabia atawa Arab Saudi > > Harti biasa mah, jadina Arab nu Saud. Pendiri karajaan eta, ibnu > Saud, atawa klan/tribe/marga Saud. Cenah baheula, meureun saacan > perang dunya II, Saud eta, ngahijikeun suku2 badwi nu nodamen tea. > Salah saratus carana, kucara ngawin anak kepala tribe/klan. jadi > leuwih ti opat, harem tea meureun. Jadi loba anak nu masing2 meureun > sarua ngadukung bapana jeun katurunana. Jadi beungkeutan kuat > karajaan. Ongkoh kamakmuranana dibagikeun ka sakabeh rahayat. > > > > Sikep ka Amerika > > Loba urang amerika boh sipil boh tangtara. Sikep ka amerika siga > menak baheula urang ka walanda cenah. > > > > Dahar > > Si dunungan hiji mangsa ngajak dahar bareng. Cara dahar lalaki teu > make piring. Tapi dihijikeun dina wadah. Cara tumpeng di urang > kitu.dahar langsung tina tempat tumpeng eta. di tengahna deungeuna, > nyaeta kambing guling hiji atawa bakakak hayam 20 cenah. Eta teh > pikeun sabaraha urang? Opatan. Haha. > > > > Runtah > > Tempat pagawe aya kana dua ratus meter ti villa. Masing-masing > villa di urus ku migran oge. Sok didatangan sakapeung pikeun > week-end (perena jumaah, lain minggu). mun dunungan jeung dua istri > oge barudakna geus baralik, pagawe kebon sok daratang. Rek naon? Rek > mariksa tempat runtah. Sabab runtah di vila eta mah cenah, lain > runtah samanea. Dus rokok Marlboro (lain bungkusna, dusna-slofna) di > tempat runtah kaciri seseg keneh. Ari ditempo teh cenah, loba keneh. > Nya dicokotan. Kitu deui nu pangangguran mariksa bungkusan rokok > marlboro, ditempo teh rokona laloba keneh. Bayangkeun cenah, aya > budak dunungan, meureun umur SMA di urang, udud sabatang, panjang > keneh dipiceun. Rek udud deui teh, lain nyokot ti bungkus nu geus > dibuka, tapi muka deui bungkusan anyar. Hehe. > ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

