Enya nya. Boa Kurdi mah siga Persia, deukeut Arab, pagulung-gulung jeung Arab tapi lain Arab. Bangsa Kurdi kungsi ngalahirkeun panglima perang nu kakoncara teu ukur ku urang arab tapi oge ku bule musuhna basa perang salib tea. Sultan saladin cenah cek bule mah. Puguh lieur, sabab ngaran eta teu aya di arab, aya ge aladin. Si horeng ngaran arab/kurdi na mah salahudin (basa urang na mah salehudin) nya
Aya nu kalangkung nagara bangsa arab eta, yordania. Karajaan oge. -------- MJ, urang Kurdi mah sigana embungeun disebut Urang Arab, maranehna harayang nyieun nagara sorangan. Wilayah Kurdi lega, ti Turki, Irak, Iran jeung di nagara urut Uni Soviet baheula. SIgana mah basa nu dipake ku urang Kurdi lain basa Arab. Kuring maca saliwatan buku "Dunya Arab" karangan Hitti, akhli dina widang kabudayaan Arab. Hitti ngacungkeun jempol ka urang Arab nu boga sifat adaptif kana kabudayaan sejen. Ceuk Hitti, Bangsa Arab, bangsa nu hebat, ti suku-suku nomaden nu ampir teu boga kabudayaan, robah jadi bangsa nu bisa naklukeun bangsa-bangsa sejen nu budayana leuwih maju. Ti suku-suku nomaden nu kadaharanana sakapeung sarangga jeung kadal (suku Badewi Arab) bisa ngadaptasi gaya hirup manusa nu leuwih maju ..... Hanjakal ayeuna, bet parasea wae .... Baktos, WALUYA ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links

