--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ah teu terang seuseur perkawis arab. Salaku muslim tangtu katangtang > hayang > apal kumaha kaayaan timur tengah sacara umum, bangsa arab, bangsa nu > ngalahirkeun Nabi Muhammad SAW, jsb. > Bangsa Arab di timur tengah, saleresna mah loba pisan, CMIIW, > ti Aljazair, Maroko, Libya, Chad, Mesir, Saudi, Yaman, Oman, UAE, > Kuwait, Kurdi (teu gaduh nagara sorangan), Palestina, Libanon, > Turki, Syiria/suriah, Irak.
MJ, urang Kurdi mah sigana embungeun disebut Urang Arab, maranehna harayang nyieun nagara sorangan. Wilayah Kurdi lega, ti Turki, Irak, Iran jeung di nagara urut Uni Soviet baheula. SIgana mah basa nu dipake ku urang Kurdi lain basa Arab. Kuring maca saliwatan buku "Dunya Arab" karangan Hitti, akhli dina widang kabudayaan Arab. Hitti ngacungkeun jempol ka urang Arab nu boga sifat adaptif kana kabudayaan sejen. Ceuk Hitti, Bangsa Arab, bangsa nu hebat, ti suku-suku nomaden nu ampir teu boga kabudayaan, robah jadi bangsa nu bisa naklukeun bangsa-bangsa sejen nu budayana leuwih maju. Ti suku-suku nomaden nu kadaharanana sakapeung sarangga jeung kadal (suku Badewi Arab) bisa ngadaptasi gaya hirup manusa nu leuwih maju ..... Hanjakal ayeuna, bet parasea wae .... Baktos, WALUYA

