Aya dua teori dina elmu pangaweruh, nu hiji disebut Teori Evolusi jeung nu hiji deui Teori Beledug gede (Big Bang).Sabenerna dua teori ieu prinsipna sarua wae, nyieun hipotesis asal-usul alam semesta jeung eusina, tina sesa-sesa nu kapanggih jaman ayeuna. Teori evolusi tina fosil jeung bentuk mangkeluk jaman ayeuna, teori Bgibang tina pengamatan astronomi tina sesa-sesa bigbang. Di luar angkasa aya sinar-sinar sesa "ngabeledug gede" nu bisa ditengetan ku observatorium astronomi (Radio). Dua-duana disebut Teori lain hukum / potsulat (contona hukum Newton) sabab mangrupakeun rekontruksi tina kajadian, lain kajadian nu bisa ditengetan.
Anehna teori Bigbang ditarima ku kaum agamawan, tapi teori evolusi mah henteu. Meureun eta ari teori evolusi mah bisa patali jeung asal-usul jelema, jadi bentrok jeung kayakinan. Padahal, cenah saenggeusna kajadian bigbang teh, alam semesta berevolusi milyaran taun, tepi ka siga ayeuna. Jadi lamun nyebutkeun Teori evolusi runtag, sacara teu langsung teori bigbang oge kudu runtag ......... Baktos, WALUYA

