>  Abdi salaku muslim ngraos dina Islam mah teu aya kayakinan anu teu
> tiasa dibuktikeun ku akal. Islam agama anu lebet akal, satiap anu
> kudu diyakini Insya Alloh bisa dibuktikeun ku akal. Upami agama salain Islam 
> mah duka teh teuing.
>  Bade naros kang, cobi kayakinan naon (dina Islam nya kang) anu teu tiasa 
> dibuktoskeun ku akal ?

YADI supriadi wendy :
>  janten, si akang mah percanten nya ka;
>  1. nabi adam a.s. sanes manusa munggaran?
gusaeni :
Abdi percanten nabi adam manusa munggaran (Quran surat 6 ayat 98)

YADI supriadi wendy :
>  2. nabi adam a.s. sanes diturunkeun di sorga? 
gusaeni :
Numutkeun AlQuran Nabi adam dirutunkeun disurga, (QS Surat 2 ayat 36)

YADI supriadi wendy :
>  3. nabi isa a.s. jumeneng keneh di langit?
gusaeni :
Nabi Isa Diangkat Ku Allo ka langit, jadi teu dipateni sakumaha
pamahaman ayeuna. Quran surat 4 ayat 158)
YADI supriadi wendy :
>  4. perjalanan isra-mi raj nabi muhammad saw mangrupi peristiwa rohaniah nu 
> luar biasa?
gusaeni :
Abdi percanten perjalanan Israa mi'raj memang kajadian anu luar
biasa.(Quran Surat 17 ayat 1)

Kunaon urang kedah percaya ?, sabab al-Quran tos nyebatkeun eta
sadayana.
Kunaon urang percaya kana Al-Quran ?, sabab Al-Quran teh kitab suci
anu leres dongkapna ti Alloh.
Sagala anu dongkapna ti Alloh pasti leres, sabab ari pencipta/Tuhan mah
mustahil salah.

>  nuhun.
wasalam
-gusaeni-





Kirim email ke