Ceuk kuring mah taya salahna lamun rek nitenan tur neuleuman eta dua
teori teh, atawa teori naon bae oge, pek bae rek nepi ka mana bae oge,
teu kudu dibentar-benturkeun komo deui dihalang-halang ku ayat sagala.
Mun tea mah ayat teh bener, tangtu teori-teori eta teh bakal kanyahoan
salahna. Ceuk basa sejenna mah, tong sieun ayat teh bakal kabantah
bebenerananan. Tangtu ieu teh bakal ngandelkeun iman.
Lamun tea mah isuk jaganing geto aya kajadian siga teori geosentris
baheula nu nyebutkeun yen bumi teh puseur langit, tur eta teori teh
kanyahoan salah, ceuk nu ariman ka ayat mah tangtuna lain ayatna nu
salah tapi nu napsirkeun eta ayat nu boloho keneh.
Jadi, sabangsaning Harun Yahya saparakanca, teu kudu gurung-gusuh
nyieun pamustungan yen teori darwin atawa nu liana teh salah. Tungguan
bae runtagna, tur taya salahna lamun miluan icikibung nalungtik oge.
Malah, lamun maca bukuna Ahmad Wahib mah ("Pergulatan Pemikiran Isalm",
kitu?) pan manehna humandeuar: "Naha Allah teh sieun ku kakuatan otak
manusa nu dicipatekun ke Mantena nyalira?". Humandeuar ieu kakait jeung
ayat "Omat tong mikir dzat Kaula, pikir bae ciptaan Kaula". Sabalikna,
ceuk Muhammad Abduh (dina buku "Risalah Tauhid") "Kabeh wujud teh
dijieun (gumantung) tina unsur, ari unsur dijieun (gumantung) tina
atom, jeung saterusna. Lamun disebutkeun yen Allah teh henteu gumantung
kana naon bae, rek kumaha manusa bisa ngabayangkeun dzat-Na?". Tah, pan
kajawab.
Ah, punten ieu teh noroweco teu puguh.
Baktos,
AJ
--- On Wed, 5/28/08, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Teori Evolusi jeung Teori Bigbang
To: [email protected]
Date: Wednesday, May 28, 2008, 4:57 PM
Pokona
mah Kang ti babaheula lamun dina diskusi nyampurkeun antawis KAYAKINAN
sareng ELMU PANGAWERUH jelema anu teruss motekar...mah lieur moal
papanggih... diskuasina siga tukang sado...Divergent. ...Men sana in
copore sano..maneh kamana urang ka sono........ .......
On 5/28/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED] net.id> wrote:
Aya dua teori dina elmu pangaweruh, nu hiji disebut Teori Evolusi jeung nu
hiji deui Teori Beledug gede (Big Bang).Sabenerna dua teori ieu prinsipna
sarua wae, nyieun hipotesis asal-usul alam semesta jeung eusina, tina
sesa-sesa nu kapanggih jaman ayeuna. Teori evolusi tina fosil jeung bentuk
mangkeluk jaman ayeuna, teori Bgibang tina pengamatan astronomi tina
sesa-sesa bigbang. Di luar angkasa aya sinar-sinar sesa "ngabeledug gede" nu
bisa ditengetan ku observatorium astronomi (Radio). Dua-duana disebut Teori
lain hukum / potsulat (contona hukum Newton) sabab mangrupakeun rekontruksi
tina kajadian, lain kajadian nu bisa ditengetan.
Anehna teori Bigbang ditarima ku kaum agamawan, tapi teori evolusi mah
henteu. Meureun eta ari teori evolusi mah bisa patali jeung asal-usul
jelema, jadi bentrok jeung kayakinan. Padahal, cenah saenggeusna kajadian
bigbang teh, alam semesta berevolusi milyaran taun, tepi ka siga ayeuna.
Jadi lamun nyebutkeun Teori evolusi runtag, sacara teu langsung teori
bigbang oge kudu runtag .........
Baktos,
WALUYA