CEULEUKEUTEUK 



KORÉT

Wan Abud urang Kaum katelah korét. Hiji mangsa kapaksa kudu nganteur ulin anak 
lanceukna ti Madinah nu keur nganjang ka imah kolotna Wan Abud, nu hayangeun 
tumpak béca lantaran di Madinah cenah mah euweuh béca.

Wan Abud : " Mang sabaraha ka Alun-alun ? "
Tk Béca : " Pasihan wéh lima rébu pa "
Wan Abud : " Sakitu téh pan duaan lain ?. Ari kuring wungkul sabaraha ?"
Tk Béca : " Sami baé pa "
Wan Abud : " Ari budak ieu wungkul ? "
Tk Béca : " Ah, murangkalih mah haratis pa ".
Wan Abud : " Ari kitu mah, budak wéh anu tumpak ka alun-alun. Kuring mah rék 
leumpang wéh, ké nyusul ".
Tk Béca : " Sugan garélo jelema di kota ieu téh nya !? "



KANCING

Jaman baheula di karajaan Amarta, boro-boro nonggéngan raja,
nyanghareupanana ogé kudu bari tungkul.

Garéng : " Dél ! Manéh wani nonggéngan raja ? "
Udél : " Wani ! Sok rék mayar sabaraha ka uing ? "
Garéng : " Sabénggol lah ! "
Udél : " Heug lah jadi nya ! "


Isukna si Udél jeung si Garéng nyanghareup raja. Nu rada anéh palebah kancing 
bajuna nu hareup mani sagedé pisin.


Raja : " Héi Udél anak uwa Semar ! Aya naon nyanghareup ka kaula ? "
Udél : " Hapunten pisan kaula nun. Abdi badé ngawartosan yén abdi gaduh kancing 
nu ageung sapertos ieu dina dada abdi ".
Raja : " Oh enya nya. Aya henteu anu leuwih gedé ti éta ? "
Udél : " Aya kulan ", si Udél nonggéngan raja " Mangga tingal ieu langkung 
ageung ".


Enya baé dina bujurna aya kancing sagedé piring alas.

Abah Tea

Paguyuban Wargi Sunda - Medan
www.pwsmedan.blogspot.com
 


      

Kirim email ke